Di kebon pa tani cabe mani meuhpeuy geus meujeuhna alaeun. Lar sakadang
kuya jeung sakadang monyet ka lebah dinya.
“ Lakadalah…aya dahareun euy…” Ceuk sakadang monyet
“ Heueuh kabeneran uing geus hayang barang hakan…” Tembal sakadang
kuya.
Teu antaparah deui, eta dua sato teh ngaremus kana cabe saseubeuhna.
Lila-lila sakadang monyet ngarasa lada. Bari cacamuilan teh manehna
cocorowokan, “ Seuhah lata-lata…seuhah lata-lata…” Cenah.
“ His, ulah gareuwah bisi kadengeeun ku pa tani…!” Ceuk sakadang kuya.
Tapi sakadang monyet teh hayoh we seuhah lata-lata seuhah lata-lata,
bari hantem cacamuilan.
Pa tani nu boga kebon kawasna ngadengeeun. Inyana buru-buru ngariksa ka
kadinya.
“ Hah, beunang siah nu sok malingan cabe aing teh…” Pokna.
Mireungeuh kitu sakadang monyet ngagajleng sarta nerekel kana
tatangkalan. Tapi orokaya sakadang kuya mah teu bisa lumpat. Sakadang kuya
ditewak ku pa tani, sarta tuluy dibawa ka imahna.
“ Yeuh barudak kurungan, isuk urang peuncit…” Ceuk pa tani ka anakna
sanggeus nepi ka imahna.
Reup peuting sakadang kuya guling gasahan nyahoeun isuk rek dipeuncit.
Kabeneran torojol teh sakadang monyet. Sakadang kuya asa boga harepan.
“Keur naon euy…?” Ceuk sakadang monyet.
“Keur ngawawas jadi panganten…” Tembal sakadang kuya teu kireum-kireum.
“Har ari kitu silaing teh rek kawin ?... Jeung saha…?”
“Pan jeung anak patani…, tuh ayeuna di imahna keur tatahar rek hajat…”
“ Beu…bagja pisan silaing…. gentenan we ku dewek ….” Sakadang monyet daria.
“ Meunyi…” Jawab sakadang kuya.
“Atuh euy… pan urang teh geus lila sosobatan…..” Sakadang monyet
maksa.
“Nya atuh ari silaing keukeuh mah teu nanaon, ngan dewek anteurkeun
heula ka leuwi…” Ceuk sakadang kuya bari pohara atohna.
“ Cetek nu kitu mah…” Tembal sakadang monyet haget.
Gancangna carita kurung teh dibuka ku sakadang monyet. Tuluy sakadang kuya dipangku, dianteurkeun ka leuwi. Geus kitu sup sakadang monyet ka
jero kurung. Sapeupeuting manehna jigrah, ngarasa bungah isukan rek dikawinkeun
jeung anak pa tani.
Kocap isukna, pa tani geus ngasah bedog rek meuncit kuya. Kadengeeun
ku sakadang monyet pa tani nyarita kieu,
“ Barudak bawa kuya teh kadieu…urang peuncit ayeuna…” Cenah.
Sakadang monyet ngajenghok, kakara ngarti manehna dilejokeun. Teu loba
mikir geuwat papaehan. Ngagoler teu
empes-empes.
Srog budak pa tani ka dinya, kaget ningali kuya geus jadi monyet…
“ Abah…, geuning kuya teh jadi monyet….tapi geus paeh deuih…” Cenah
ngagorowok.
Pa tani nyampeurkeun, bener kuya teh geus jadi monyet bari jeung geus
paeh.
“Alungkeun we ka leuwi…!” Cenah nitah ka anakna.
Sakadang monyet dibawa ka leuwi, sarta lung dialungkeun. Puguh monyet
hirup, barang keleweng teh, ujug-ujug gajleng we bari tuluy nerekel kana
tatangkalan…..
---------------------------------------------------
Didongengkeun deui ku Mang Nanang
Tidak ada komentar:
Posting Komentar