Selasa, 19 Januari 2016

TATARUCINGAN


Tatarucingan tina kecap “tarucing“. Ari tarucing teh nyaeta sarwaning nu ngandung pikiraneun. Mun dina basa Indonesia mah “teka-teki”. Sarua jeung teteguhan, ngan sok beda ngalarapkeunana.  Ari teteguhan mah saukur neguh ; upamana : Cing na saku uing aya naon ?. Ari tarucing mah leuwih pelik, da kudu dipikiran heula pijawabeunana.
Jelema baheula sok rajeun silih bere tarucing. Biasana mun keur papada rineh, itung-itung heureuy tamba euweuh pilakueun sejen. Kalangenan silih bere tarucing eta disebut tatarucingan. Dina prakna si A mere tarucing ka si B, engke mun kateguh giliran si B mere tarucing ka si A. Mokaha sok bari tingcakakak atawa tingcikikik, kawantu sok bari eleg, hareureuy.
Kalimah-kalimah tarucing nu harita geus ngabaku upamana kieu :
Hayam rintit nonggeng ka langit, cing naon...?”
Barudak kiwari kawasna moal bisaeun neguh. Sabab kana kecap “ hayam rintit “ -na wae ge can puguh nyahoeun, komo bari ditambahan ku “nonggeng ka langit”.
Jawaban eta tarucing teh “ ganas “. Buah ganas dina tangkalna dipapandekeun hayam rintit keur nonggeng ka langit. Naha ? Pan sisit ganas teu beda ti bulu hayam rintit ! Geuning bulu hayam rintit garaling.  Ari daun-daun nu dina congo ganas teu beda ti buntut hayam.
Sakitu pelikna nya. Tah nu kitu teh diarulik dijadikeun bahan keur tatarucingan. Ana dilenyepan teu beda ti kaulinan ngasah otak...
Tarucing sejenna upamana : cing naon,
-          Aki-aki ragrag surak
-          Sumur gantung talaga di awang-awang
-          Budak leutik ngambay peujit
-          Budak leutik teuteuleuman.
Apal jawabanana ?
-          Aki-aki ragrag surak = barangbang ragrag disada ngaguprak
-          Sumur gantung talaga di awang-awang = buah kalapa
-          Budak leutik ngambay peujit = jarum kecos aya bolaan ngambay
-          Budak leutik teuteuleuman = gayung
Naha kita jawabanana ? Geus pikiraneun deui wae nya.... Cag ah ! *
------------------------
Ditulis ku Mang Nanang

SISINDIRAN



Salah sahiji kamonesan urang Sunda nyaeta sisindiran. Sisindiran tina kecap sindir. Ari sindir teh basa atawa caritaan anu dibalibirkeun tina maksud sabenerna. Aya kalana kahartieun ku nu disindiranana, aya kalana heunteu.
Sisindiran oge kitu. Ngan dina sisindiran mah sanggeus diucapkeun basa sindirna, sok tuluy diebrehkeun basa nu sabenerna. Kawas kieu :
                Majar maneh rek ka huma
                Ka cai ngajingjing kendi
                Majar maneh rek karunya
                Kari-kari nganyenyeri.
Kalimah baris ka 1 jeung ka 2 eta teh basa sindirna. Baris ka 3 jeung 4 basa atawa maksud nu sabenerna.
Mun nilik wangunan kalimahna, sisindiran teh diwangun ku opat baris kalimah. Baris 3 nyaluyukeun kana baris 1, baris 4 nyaluyukeun kana baris 2. Nyaluyukeun didieu maksudna kecap, engang, jeung sora vokal di tungtung kalimah sabisa-bisa nyaruaan atawa ngaharib-harib kana kalimah anu dituturkeunana. Geura :
Baris 1 : majar maneh rek ka huma
Baris 3 : majar maneh rek karunya
Baris 2 : ka cai ngajingjing kendi
Baris 4 : kari-kari nganyenyeri

Tuluy titenan sora vokal di tungtung kalimah :
    Majar maneh rek ka huma           - ma = a
                Ka cai ngajingjing kendi                 - di = i
                Majar maneh rek karunya            - nya = a
                Kari-kari nganyenyeri                     - ri = i
Natrat pisan sora vokal ditungtung kalimah teh murwakanti dina pola a-b-a-b.  Tapi teu kabeh kitu. Aya oge nu make pola a-a-a-a. Kawas dina conto ieu :
Majar maneh nganyam samak   - mak = a
Neukteukan bari motongan        - ngan= a
Majar maneh neang anak            - nak = a
Ngadeukeutan popotongan        - ngan = a
Jadi sisindiran teh, lain wae aya sasaruaan dina kalimah sindir jeung kalimah nu sabenerna – urang sebut we cangkang jeung eusi -  tapi  oge  murwakanti. Nu matak sok ngeunah kadengena.
Keur naon atawa sok dipake naon sisindiran teh ?  Nilik babasaanana umumna mah keur banyol ; heuheureuyan atawa ngaheureuyan. Geura urang titenan conto-conto sejenna :

Cau ambon dikorangan
Kaliki ka pipir-pipir
Abdi ambon ngan sorangan
Lalaki teu mikir-mikir

Ka mana malikeun kincir
Ka kaler katojo bulan
Ka mana ngaitkeun pikir
Moal paler ku sabulan

Sapanjang jalan Soreang
Moal weleh diaspalan
Sapanjang tacan kasorang
Moal weleh diakalan

Tikukur macokan huni
Kecok deui kecok deui
Meunang dipupur diponi
Dekok deui dekok deui

Terong peot saboboko
Lumayan coel-coeleun
Koboy peot nongtot leho
Lumayan toel-toeleun

Itu gunung ieu gunung
Diadukeun pak beledug
Itu pundung ieu pundung
Marebutkeun koboy budug

Kaduhung maen kaleci
Liang keuyeup digerean
Kaduhung boga salaki
Liang “..... “ngagedean

Jeung saterusna..... *
Ditulis ku Mang Nanang

Sabtu, 11 April 2015

NGEMBANGAN


Bareto basa kuring keur ngajar di Tangerang taun tujuhpuluhan - pasna di desa Jengkol kacamatan Kresek – kungsi manggihan kabiasaan wewengkon nu karek harita kuring nyahona. Kabupaten Tangerang harita masih keneh lega. Kacamatan Kresek kaasup salah sahiji kacamatan anu jolok. Listrik karek aya di sawatara tempat. Wewengkon anu di cicingan ku kuring mah lapur. Kaasup jalan ukur jalan jajahan biasa.

Sakadar keur ngagambarkeun kumaha urang dinya harita - Lain sing heureuy - bener aya kandang munding anu ditempatkeun di hareupeun imah ( sasuhunan jeung imah ). Malah di Desa Gunung Kaler mah aya munding nu saimah jeung nu bogana. Duka tah naha imah dipake ngampihan munding, atawa kandang munding dipake imah…

Balik deui kana kabiasaan nu kuring karek nyaho tea. Di lelewek eta harita aya kabiasaan nu disebut “ngembangan”. Memang teu kabeh urang dinya make, tapi aya keneh nu sok ngalakukeun. Naon ngembangan teh ? Ngajodokeun budak, dina harti nyangreudkeun pasini antara kolot budak lalaki jeung kolot budak awewe.

Ari budak nu dikembangan kira-kira umur 8 -10 taun atawa saumur murid SD. Tangtu wae ieu teh kahayang kolot pada kolot. Tujuanana rupa-rupa, diantarana mageuhan mimitran antara kolot budak awewe jeung kolot budak lalaki. Atawa supaya harta banda kolot jaga ngahiji. Biasana nu beunghar jeung beunghar.

Dina prungna ngembangan, mokaha kawas ngawinkeun budak gede. Biasa hajat jeung ondang-ondang. Malah mun ninggang ka jelema aya mah make jeung tatanggapan sagala. Biasana sok nanggap topeng, samodel Lenong Batawi kitu. Ari pangantenna biasa direnceng-renceng. Didangdanan ilaharna panganten, jeung dipajang ngarah katempo ku tamu. Kulantaran Tangerang teh deukeut ka Jakarta, Pangaruh Batawi karasa pisan dina prak-prakanana kariaan.

Geus beres dikembangan panganten teh papisah deui ; budak awewe di kolot awewe, budak lalaki di kolot lalaki. Dina emproanana eta budak teh sok pahare-hare. Da puguh dikembangan teh sasat kahayang kolot-kolotna, maranehna mah teu ngarti nanaon. Cenah jaga mun geus arakil baleg, aya dua kamungkinana : jadi ngajodo, atawa teu jadi ngajodo. Mun jadi ngajodo biasa kawin nyaan dirapalan. Mun henteu, nya bolay kumaha karep masing-masing.

Resep teh ari ngagonjak budak awewe nu geus dikembangan. Manehna sok uman-imen atawa jejebris mun dieuleuh-euleuh teh. Malah sok gudad-gadeud sakalieun amprok jeung “salakina”ge. Harita kuring boga batur ulin nu geus dikembangan keur leutikna, ngaranna Nurjen. Ceuk inyana, ari teu bogoh mah kumaha, nya neangan deui we nu sejen…

“ Keun bae dipulung ku didieu…?” Ceuk kuring ngaheureuyan.

“ Pek bae ari hayang mah…” jawabna daria.

“ Can dikukumaha…..?” Ceuk kuring deui bari seuri

“ Boro-boro….”

“ Atuh si Jamini teh randa bengsrat nya….”

Si Nurjen ukur nyerengeh….
-------------------------------------------------------
Ditulis ku Mang Nanang.

PUPUH SUNDA


Urang Sunda kiwari kawasna geus loba nu teu wanoh ka nu disebut “pupuh”. Dalah keur jaman kuring sakola di SD ge - taun genep puluhan - geus langka diajarkeun ku guru teh. Duka memang teu aya dina kurikulumna, duka pedah guruna oge teu bisaeun.

Padahal pupuh teh hiji karya seni anu mibanda ajen luhur, komo mun ditilik tina seni dangdingna mah. Bisa jadi lantaran ari seni mah patalina jeung rasa, aya nu resep aya nu teu resep, aya nu bisa aya nu teu bisa. Mun kalolobaanana teu resep jeung teu bisa, nya lila-lila pada mopohokeun, kawas pupuh.

Ku motekarna sastrawan baheula, aya buku fiksi anu ditulis dina wangunan pupuh, disebutna wawacan. Eusina nyaritakeun dongeng atawa carita buhun. Tangtu wae nu bisa kana pupuh mah macana teh bari dihariringkeun. Nu kawentar harita antarana : Wawacan Mantri Jero, Wawacan Purnama Alam, Wawacan Pedang Allah, Wawacan Mundinglaya jeung sajabana. Hanjakal harita teh kuring keur budak, teu kapikir hayang nyieun koleksi.

Pupuh teh karya sastra puisi nu bisa ditembangkeun. Jumlahna aya 17. Masing-masing boga ciri dina jumlah padalisanna, jumlah engang tiap padalisan, sora tungtung tiap padalisan , jeung watekna anu dumasar kana wirahma. Tina jumlah anu 17, dibagi dua katagori, nyaeta sekar ageung, jeung sekar alit. Disebut sekar ageung lantaran bisa ditembangkeun leuwih ti sawanda. Sedengkeun sekar alit ukur sawanda. Nu kaasup sekar ageung nyaeta : kinanti, sinom, asmarandana, dangdanggula ( sok disingget ksad ). Sedengkeun nu kaasup sekar alit : balakbak, durma, gambuh, gurisa, juru demung, ladrang, lambang, magatru, maskumambang, mijil, pangkur, pucung, wirangrong.


Ngarah rada jentre kieu pereleanana.
Conto : pupuh kinanti
aturanana : jumlah padalisan 6, tiap padalisan 8 engang, sora tungtung : u-i-a-i-a-i
Conto guguritanana :

bu-dak leu-tik bi-sa nga-pung       8 engang   sora tungtung u        
ba-ba-ku nga-pung-na peu-ting     8 engang   sora tungtung i
nga-la-yang ka-ka-la-yang-an       8 engang   sora tungtung a
ma-ling-an nu a-mis a-mis              8 engang   sora tungtung i
sa-ru-pa-ning bu-bu-ah-an            8 engang   sora tungtung a
na-on ba-e nu ka-pang-gih            8 engang   sora tungtung  i

Conto-conto pupuh :
Sekar ageung :
1.Kinanti
Jumlah padalisan : 6
Jumlah engang tiap padalisan : 8-8-8-8-8-8
Sora panungtung : u-i-a-i-a-i
Watekna : prihatin, miharep.
Conto pupuh Kinanti :

Kembang ros ku matak lucu
Nya alus rupa nya seungit
Henteu aya papadana
Wantuning kembang sajati
Papas di patamanan
Seungit manis ngadalingding

               
2.Sinom
Jumlah padalisan : 9
Jumlah engang tiap padalisan : 8-8-8-8-7-8-7-8-12
Sora panungtung : a-i-a-i-i-u-a-i-a
Watekna : bungah, marahmay
Conto pupuh Sinom :

Warna-warni lauk empang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ninggali
Warnaning lauk cai
Lalawak pating suruwuk
Sepat pating karocepat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing, sisi balungbang

3.Asmarandana
Jumlah padalisan : 7
Jumlah engang tiap padalisan : 8-8-8-8-7-8-8
Sora panungtung : i-a-e/o-a-a-u-a
Watekna : asih, deudeuh.
Conto pupuh Asmarandana :

Eling eling mangka eling
rumingkang di bumi alam
darma wawayangan bae
raga taya pangawasa
lamun kasasar lampah
nafsu nu matak kaduhung
badan anu katempuhan

4.Dangdanggula
Jumlah padalisan : 10
Jumlah engang tiap padalisan : 10-10-8-7-9-7-6-8-12-7
Sora panungtung : i-a-e/o-u-i-a-u-a-i-a
Watekna : jembar, nineung,was.
Conto pupuh Dangdanggula :

Mega beureum surupna geus burit
Ngalanglayung panas pipikiran
Cikur jangkung jahe koneng
Naha teu palay tepung
Sim abdi mah ngabeunying leutik
Ari ras cimataan
Gedong tengah laut
Ulah kapalang nya bela
Paripaos gunting pameulahan gambir
Kacipta salamina

Sekar alit :
1.Balakbak
Jumlah padalisan : 3
Jumlah engang tiap padalisan : 15-15-15
Sora panungtung : e-e-e
Watekna : lucu, rehe
Conto pupuh Balakbak

Aya warung sisi jalan rame pisan Citameng
Awewena luas-luis geulis pisan ngagoreng
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet nyanggereng

2.Durma
Jumlah padalisan : 7
Jumlah engang tiap padalisan : 12-7-6-7-8-5-7
Sora panungtung : a-i-a-a-i-a-i
Watekna : harengheng, amarah, sumanget.
Conto pupuh Durma:
Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus dipasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Heunteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di medan jurit

3.Gambuh
Jumlah padalisan : 5
Jumlah engang tiap padalisan : 7-10-12-8-8
Sora panungtung : u-u-i-u-o
Watekna : samar polah, tambuh laku, bingung.
Conto pupuh Gambuh :
Ngahuleng banget bingung
henteu terang ka mana ngajugjug
turug turug harita teh enggeus burit
panon poe geus rek surup
keueung sieun aya meong


4.Gurisa
Jumlah padalisan : 8
Jumlah engang tiap padalisan : 8-8-8-8-8-8-8-8
Sora panungtung : a-a-a-a-a-a-a-a
Watekna : heureuy tamba kesel
Conto pupuh Gurisa :

Hayang teuing geura beurang
geus beurang rek ka Sumedang
nagih anu boga hutang
mun meunang rek meuli soang
tapi najan henteu meunang
teu rek buru buru mulang
rek tuluy guguru nembang
jeung diajar nabeuh gambang

5.Juru demung
Jumlah padalisan : 5
Jumlah engang tiap padalisan :8-8-6-8-8-8
Sora panungtung : a-u-i-a-u
Watekna:  bingung, susah pilakueun
Conto pupuh Juru demung :

Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti panggih
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung

Lolobana mungguh jalma,
embung hina hayang agung,
hayang hirup mukti,
tapina embung tarekah,
tinangtu mo bakal nanjung.

6.Ladrang  
Jumlah padalisan : 4
Jumlah engang tiap padalisan : 10-4-8-12
Sora panungtung : i-a-i-a
Watekna : heureuy, nyindir.
Conto pupuh Ladrang :
Aya hiji rupa sato leutik
Engkang-engkang, engkang-engkang
Sok luluncatan di cai
Ari bangun arek sarupa jeung lancah
Aya hiji anak bangkong leutik,
mokahaan,
maksudna ngelehkeun sapi,
nahan napas antukna bitu beuteungna. 

7.Lambang
Jumlah padalisan : 4
Jumlah engang tiap padalisan : 8-8-8-8
Sora panungtung : a-a-a-a
Watekna : heureuy  pikaseurieun
Conto pupuh : Lambang
Nawu kubang sisi tegal
nyair bogo meunang kadal
atuh teu payu dijual
rek didahar da teu halal

8.Magatru
Jumlah padalisan : 5
Jumlah engang tiap padalisan : 12-8-8-8-8
Sora panungtung : u-i-u-i-o
Watekna : handeueul, mamatahan
Conto pupuh Magatru :
Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung
Kopo reujeung Cisondari,
Cicalengka, Ujung Berung
Rajamandala, Cimahi
Leles, Limbangan, Tarogong

9.Maskumambang
Jumlah padalisan : 4
Jumlah engang tiap padalisan : 12-6-8-8
Sora panungtung : i-a-i-a
Watekna : sedih, nalangsa
Conto pupuh Maskumambang :

He barudak kudu mikir ti leuleutik
Maneh kahutangan
Ku kolot ti barang lahir
Nepi ka ayeuna pisan

Da kolot teh kahesean beurang peuting
Sumawon rugina
Ngan kolot heman gumati
Ngamemenan salawasna

 Maraneh the kudu bae boga pikir
Rek mulang tarima
Ka kolot rek males asih
Dimana geus cumarita

10.Mijil
Jumlah padalisan : 6
Jumlah engang tiap padalisan : 10-6-10-10-6-6
Sora panungtung : i-o-e-i-i-u
Watekna : miharep
Conto pupuh Mijil :

Mesat ngapung putra Sang Arimbi
Jeung mega geus awor
Beuki lila beuki luhur bae
Larak lirik ningali ka bumi
Milari kang rai
Pangeran Bimanyu

11.Pangkur
Jumlah padalisan : 7
Jumlah engang tiap padalisan : 8-11-8-7-12-8-8
Sora panungtung : a-i-u-a-u-a-i
Watekna : sayaga
Conto pupuh Pangkur :
Seja nyaba ngalalana
ngitung lembur ngajajah milang kori
henteu puguh nu dijugjug
balik paman sadaya
nu ti mana tiluan semu rarusuh
Lurah Begal ngawalonan
“Aing ngaran Jayapati”

12.Pucung
Jumlah padalisan : 4
Jumlah engang tiap padalisan : 12-6-8-12
Sora panungtung : u-a-e-o-a
Watekna : piwuruk
Conto pupuh Pucung :

Estu untung nu bisa mupunjung indung
jeung nyenangkeun bapa
tanda yen bagjana gede
hirup mulus kaseundeuhan ku berekah

Lutung buntung luncat kana tunggul gintung
Monyet loreng leupas
luncat kana pager dengdek
Bajing kuning jorelang belang buntutna


13.Wirangrong
Jumlah padalisan : 6
Jumlah engang tiap padalisan : 8-8-8-8-8-8
Sora panungtung : i-o-u-i-a-a
Watekna : era, wirang, kaduhung.
Conto pupuh Wirangrong :
Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara


Ditulis ku Mang Nanang
Catetan : hapunten bilih aya lepat sareng neda koreksina.