Lucu, barudak kelas tilu SD nyaranyi dina panggung bari tinggaritek jaroged. Naon nu dikawihkeunana ? Lagu dangdut…! Nu lalajo kaasup kolot-kolot kaleprok, kataji. Enya kuring ge kataji ku walanterna. Tapi hate bet jadi rempan…Emh, deudeuh teuing budak Sunda leuwih wanoh kana lalaguan nu jalebrog. Ku kolotna teu diwanohkeun kana lalaguan anu pas jeung alam pikir barudak.
Baheula kakawihan barudak teh luyu jeung jiwa barudak. Bijil tina pangaruh alam nu masih asri. Blung-blongna lembur, cur-corna cai, rajegna tatangkalan jadi ilham kana tumuwuhna kawih. Nepi ka saolah-olah jadi bagian tina “kawihna” alam. Kiwari eta kakawihan teh kawas geus sirna. Nu kari, ukur galindengna dina panineungan.
Ditilik tina guguritanana, kawih barudak baheula teh kawas nu diluyukeun jeung kaayaan mangsa maranehna ngawih. Upamana dina mangsa keur ulin, keur heureuy, keur milampah hiji kaulinan, atawa memang keur karakawihan.
Conto nu kuring inget keneh, atawa inget-inget poho :
1.Waktu keur ulin dina dahan :
Eundeuk eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki
Eundeuk-eundeukan cangkuang
Bale bandung paseban
Meunang peucang pa ujang
Leupas deui ku akang
( judul
kawih : Eundeuk-Eundeukan )
2.Waktu keur diuk bari suku dirumbaykeun :
Ucang-ucang angge
Mulung muncang diparanje
Digogog ku anjing gede
Anjing gede nu pa lebe
Ari gog, gog cungungung
Ari gog, gog cungungung
( judul
kawih : Ucang Angge )
3.Waktu keur cungkelik
cungkedang :
Cungkelik cungkedang , budak
leutik hayang gedang *)
( judul
kawih : Cungkelik Cungkedang )
4.Waktu keur ulin ningali bulan
:
Bulantok-bulantok, aya bula sagede batok
Bulanting-bulanting, aya bulan sagede piring
Bulantok-bulantok, bulan gede bulan montok
Bulantok-bulantok, moncorong sagede batok
( judul kawih : Bulantok )
5.Waktu keur ulin di buruan
atawa di tegalan :
Oray-orayan, luar léor
mapay sawah,
Entong ka sawah, paréna keur sedeng beukah,
Oray-orayan, luar léor mapay kebon,
Entong ka kebon, loba barudak keur ngangon,
Mending gé teuleum, di leuwi loba nu mandi,
Saha nu mandi
Anu mandina pandeuri.
( judul
kawih : Oray-Orayan )
6.Waktu keur ulin di reuma, di
tegalan atawa di leuweung :
(1)
Jaleuleu….. ja, tulak tuja eman….. gog
Seureuh leuweung….. bay, jambe kolot….. bug
Ucing katinggang songsong , ngek !
( judul
kawih : Jaleuleu )
(2)
Ole ole
ogong - melak cabe diTarogong
Dihakan ku
anak bagong - Diudag ka leuweung ganggong
( judul
kawih : Ole-Ole Ogong )
7.Waktu keur ulin di saung :
Ojok-ojok uang-aung, ngarojok anu di saung,
Nu di saung bau sigung,dirojok lumpat ka lisung,
Hup dengdo, hup dengdo….
( judul kawih : Ole-Olean )
8.Waktu keur ulin ngadagoan raat
hujan :
(1)
Trang-trang kolentrang, si londok paeh
nundutan
Tikusruk kana durukan, mesat gobang kabuyutan
Nyeh prot…nyeh prot…
( judul
kawih : Trang Trang Kolentrang )
(2)
Hujan poyan nyiwit ceuli saeutik…. *)
( judul
kawih : Hujan Poyan )
*) hantem dibalikan
deui sakahayang.
9.Waktu keur heureuy ngambeu nu
hitut :
Tat tit tut daun sampeu, saha nu hitut saha
nu ngambeu
Ditembak ku raja mentut, balik-balik
ngaburusut
Tat tit tut daun kaliki, saha nu hitut
budak lalaki
Ditembak ku raja mentut, balik-balik
ngaburusut
Tat tit tut daun kanyere, saha nu hitut budak awewe
Ditembak ku raja mentut, balik-balik
ngaburusut
( judul kawih : Tat-Tit-Tut )
10.Waktu keur heureuy sili
ciwit :
Paciwit ciwit lutung
Si lutung pindah ka luhur…
( judul kawih : Paciwit-ciwit Lutung )
11. Keur milampah kaulinan
campur budak lalaki jeung budak awewe :
(1)
Oray orayan, oray naon
Oray bungka, bungka naon
Bungka laut, laut naon
Laut dipa, dipa naon
Dipandeuri..
( judul
kawih : Oray-Orayan )
(2)
Tokecang tokecang
Bala gendit tosblong
Angeun kacang angeun kacang
Sapendil kosong
( diselang
ku sisindiran model kieu : )
Aya listrik di masigit, caangna ka pabrik
kina
Aya istri jangkung leutik, karangan dina pipina
( balik deui kana Tokecang, tuluy sisindiran
deui : )
Hayang teuing angeun waluh, angeun waluh
dioncoman
Hayang teuing geura wawuh, geus wawuh rek
dioconan
( judul
kawih : Tokecang )
(3)
Cingciripit tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu pare
Bulu pare seusekeutna
Jol pa dalang mawa wayang
Jekjeknong
( judul kawih : Cingciripit )
(4)
Ambil ambilan turuktuk hayam samantu
Saha nu diambil kuring mah teu boga incu
boga ge anak minantu
Nyai nyai
*) kadieu purah nutu purah ngejo purah ngasakan baligo
Nyerieun sukuna kacugak ku kaliage
Aya ubarna urat gunting campurage tiguling
nyocolan dage
( judul
kawih : Ambil-Ambilan )
*) kecap nyai sok diganti ku ngaran budak nu
miluan
(5)
Sepdur sepdur mantra-mantri maan dedur
Derap depan dedur
Kahijina kaduana, katilu boleh ditangkap
( judul
kawih : Sepdur )
(6)
Sur ser sur
ser suling aing tulang maung
Ditoktrokan
ku caladi
Diliangan ku
bangbara
Dipasieup ku
sireupeun
Torotot
hiung torotot hiung
( judul
kawih : Surser )
(7)
Sasalimpetan jajahan aing nu panjang,
huy..huy *)
( judul
kawih : Sasalimpetan )
*) hantem dibalikan
deui sakahayang.
12.Keur milampah kaulinan husus
budak lalaki atawa awewe :
(1)
Pakait-kait suku
Bitisna patumpang-tumpang
Anyaman masing pageuh
Ulah lesot masing pageuh
Anyaman masing pageuh
Tacan lesot ulah lumpat
Nganyamna ulah rusuh
Mun rusuh sok gampang labuh
( judul kawih : Pakait-Kait Suku
)
(2)
Perepet jengkol jajahean
Kadempet jempol jejeretean
Perepet jengkol jajahean
Kadempet kontol jejeretean
( judul
kawih : Perepet Jengkol )
13.Keur ulin karakawihan :
(1)
Ayang-ayang
gung, gung goongna rame
menak Ki Wastanu, nu jadi wadana
Naha maneh kitu, tukang olo-olo
Loba anu giruk, ruket jeung kompeni
Niat jadi pangkat,katon kagorengan
Ngantos kanjeng dalem,lempa lempi lempong
Jalan ka
Batawi ngemplong
Ngadu pipi jeung nu ompong
( judul
kawih : Ayang-ayang Gung )
(2)
BANG
KALIMA GOBANG
Bang kalima gobang , bang
Bangkong ditengah sawah, wah
Wahéy tukang bajigur, gur
Guru sakola désa, sa
Saban poé ngajar, jar
Jarum paranti ngaput, put
Putri anu gareulis, lis
Lisung kadua halu, lu
Luhur kapal udara, ra
Ragrag di Jakarta, ta
Taun opat sabaraha, ha
Haji rék ka Mekah, kah
Kahar dua rébu, bu
Buah meunang ngala, la
Lauk meunang nyobék, bek
Béker meunang muter, ter
Terus ka Cikampék, pek
Pékna gagang kalam, lam
Lampu eujeung damar, mar
Mari kuéh hoho, ho
Hotél pamandangan, ngan
Ngantos kangjeng dalem, lem
Lempa lempi lempong ngadu pipi jeung nu
ompong…..
( judul kawih : Bang Kalima Gobang )
(3)
Cingcangkeling
Manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong bapa satar buleneng
Cingcangkeling
Manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong bapa satar buleneng
Pat lapat pat lapat, pat lapat katingalan
Masih tebih keneh pisan
Layarna bodas nyengcelak,kasurung ka
ombak-obak
( judul
kawih : Cingcangkeling )
(4)
Kleung dalengdek, buah kopi raranggeuyan
Keun anu
dewek ,ulah pati diheureuyan
( judul
kawih : Kleung Dalengdek )
(5)
Tang kumeli kentang ngek ngek - Sarkawi
dagang cengek
Kadupak mobil pengek - Ngajoprak bari bengek
( judul
kawih : Tang Kumeli )
(6)
Cis kacang buncis nyengcle - Si anggolati
kuda
Nu geulis aha ehe – Dipelet ku kang duda
( judul
kawih : Kacang Buncis )
(7)
Beas beureum reum
Reumbay kacang cang
Cang kadele le
Letah sapi pi
Pindang lubang bang
Bangkong hejo jo
Jolijopak jojoli ong
( judul
kawih : Beas Beureum )
(8)
Colenak beuleum peuyeum digulaan
Awas bom batok awas bom batok
Rebu rebu randa montok leumpangna
dicentok-centok
Sieun nincak tai kotok
( judul
kawih : Colenak )
(9)
Cir gobang gocir - Cabe beureum lada
Cing geura taksir - Baju beureum saha
( judul
kawih : Gobang Gocir )
(10)
Es keleneng gula batu arendogan
Hees jeung eneng tabuh satu padogdagan
( judul
kawih : Es Keleneng )
Cag loba keneh pisan mun ku urang dipaluruh..!
--------------------------------
Ditulis ku
Mang Nanang
Catetan : hampura bisi salah.