Jumat, 10 April 2015

ASIHAN JEUNG JANGJAWOKAN



Asihan jeung jangjawokan bisa oge disebut kamonesan kolot baheula  anu kiwari geus teu aya, dina harti geus teu dipake, jeung teu dipiwanoh. Ditilik tina kagunaanana asihan jeung jangjawokan teh mangrupa tarekah atawa cara, keur meruhkeun hate batur ku kakuatan batin. Kusabab kitu tangtu wae teu sagawayah jelema bisa. Lantaran cenah aya sarat nu kudu “dibeuli”. Upamana bae kudu puasa, kudu “mutih”, kudu matigeni jeung sajabana.

Bedana asihan jeung jangjawokan dina soal kagunaan. Asihan dipake keur meruhkeun hate batur supaya malik asih, nyaah, atawa bogoh; alhasil keur pangirut. Sedengkeun jangjawokan keur meruhkeun hate batur supaya malik sieun, serab, atawa teu tulus niat gorengna. Jadi bisa disebutkeun keur panyinglar.

Wujud asihan jeung jangjawokan mangrupa runtuyan kalimah, kawas puisi. Tangtu wae  dianggap sakral , jeung  geus maneuh turun-tumurun. Dina prakna dipake, eta asihan atawa jangjawokan teh dipapatkeun atawa digerenteskeun dina hate kalawan husu. Wallahualam mun tea mah hasil, naha enya pedah matih, atawa kabeneran bae. Sabab aya mangsana teurak, aya mangsana heunteu. Mun kabeneran teu teurak, cenah dianggap geus cambal.    

Baheula asihan jeung jangjawokan teh gede pangaruhna dina kahirupan. Upamana barudak jajaka mikabogoh hiji wanoja sok ditarekahan ku asihan. Kitu deui dina nyanghareupan rupa-rupa perkara tara lesot tina asihan jeung jangjawokan. Salian ti asihan jeung jangjawokan  aya keneh nu disebut ajian, jampe, parancah, panyinglar, jeung sajabana. Nu dadasarna mah ngandelkeun kakuatan batin…

Conto asihan : *)

1.Malar dipiasih   
Asihan aing si burung pundung 
maung pundung datang amum 
badak galak datang depa 
oray laki datang numpi
burung pundung burung cidra ku karunya
malik welas malik asih ka awaking

2.Mapag nu rek datang : 
Nu cunduk bayu si anu
nu datang atma si eta
reujeung satineung jeung aing 
mangka datang jeung ragana
mangka cunduk jeung bayuna
mangka baraya jeung satineung
mangka tunggal atmana iya
rasa nira iya rasa nisun
saking purbaning pangeran 
asihna asih ka awaking

3.Ngaleumpeuhkeun hate batur 
Seureuh seuri Pinang nanggeng
apuna galuga angen
gambirna pamuket angen 
bakona galuga sari 
coh nyay, parupat nyay, luko lenyay 
cucunduking aing taruk harendong 
cucunduking aing taruk paku hurang 
keuna asihan awaking 
asihan si leugeut teureup….

4.Malar dipika bogoh
Conto 1.
Asihan sabeulit bumi
asihan salinlang buana
brag asih jadi asih
nu asih lungguh na biwir
nu haat lungguh na soca
roh tuk-truk tuh badan ................(sebutkeun ngaran anu dituju )
mangka welas, mangka asih
raat asih ka badan awaking.

Conto 2.
Tunjuk curuk masing rincuk
di tunjuk kadua mangkuk
diondang sangkala datang 
basa sia ………… (sebutkeun ngaran anu dituju )
geus di tungtun sukma sia………..(sebutkeun ngaran anu dituju )
geus di bawa beunang sia ……….(sebutkeun ngaran anu dituju )
ku aing teu wedi paseuri-seuri
teu weudeu padeuleu-deuleu
tepung tingal mendak layan
amprok jonghok mendak jodo 
aing ………. (ngaran nu mapatkeun asihan ) geura tuturkeun.

 Conto 3.
Ka indung anu ngandung 
ka rama anu ngayuga 
ka indung anu teu ngandung 
ka rama anu teu ngayuga 
ka dulur opat kalima pancer
pang nepikeun ieu hate 
ka indungna anu ngandung 
ka ramana anu ngayuga 
ka indungna anu teu ngandung 
ka ramana anu teu ngayuga 
ka dulurna opat kalima pancer 
kalawan ka nu ngurus ngaluis hirup jeung huripna……… (sebutkeun ngaran anu dituju)
pamugi sing nyaah ka awaking

Conto Jangjawokan: *)

1.Malar teteg hate dina nyanghareupan jelema
Nu ngariung jiga lutung 
nu ngarendeng jiga monyet 
nya aing mandaha! 
maung pundung datang turu 
badak galak datang depa 
galudra di tengah imah 
kakeureut kasieup ku pohaci awaking.

2.Nyirep atawa meruhkeun musuh
Conto 1.
Sirep hyung sirep maung 
sirep buta euwah-euwah 
cau hujung tutulisan 
musuh-musuh ulah cunduk 
musuh keyang ulah datang 
ku ngaliwatna kawula, macan anu keur leumpang 
matak gek lepo siah, musuh handapeun aing

Conto 2.
Nini kaserangan bima
aki kaserangan bima 
metuna si ganda muka 
ngadiukan kadigulan 
ngadi cahaya srangenge 
batuk aing sada gugur
sora aing sada gelap 
bayu sere bayu sera 
bayu kaseraban aing 
sia tungkul aing tanggah
sia kasirep ku aing.

3.Nyinglar pibahalaeun
Curulung cai ti manggung 
barabat ti awang-awang 
cai tiis tanpa bisi 
mun deuk nyatru ka si itu 
mun deuk hala ka si eta 
anaking palias teuing.

*) Conto-conto dicutat tina “Tatar Pasundan” puterapanjalu blogspot.com geus  meunang ngaropea
     deui.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar