Jumat, 20 Maret 2015

NEULEUMAN KECAP PAMALI


Kawasna barudak ayeuna mah moal nyaho jeung moal ngartieun kana kecap “pamali”, sebab eta kecap teh geus tara kadenge boh di pilemburan sok sumawonna di pakotaan. Kajaba meureun di wewengkon nu masih pageuh kana tali parantina, mun aya.

Baheula kecap pamali teh ngabogaan pangaruh nu kawilang kuat. Teu sambarang jalma wani ngarumpak kana naon nu di geus dipamalikeun. Naon pamali teh ? Ningali loyogna kalimah, pamali teh bisa disebutkeun sarupaning panyarek, nu dianggap bisa ngabalukarkeun mamala mun dirumpak. Contona kieu, “ Ulah calutak ka kolot, pamali…” Ulah calutak hartina ulah kurang ajar. Mun kurang ajar ka kolot bisa meunang bebendon ti Nu Maha Kawasa. Kitu kurang leuwihna.

Ngadenge kecap pamali jalma baheula jarang nu wani bahula. Antukna naon nu dipamalikeun saolah-olah jadi aturan nu dicekel pageuh, jeung sacara turun-tumurun ditepikeun ka sekeselerna. Mireng kitu, kawasna teu salah mun budaya pamali dianggap hiji kaarifan budaya buhun. Ukur ku kecap pamali jalma-jalma tumut kana tali paranti. Jalma-jalma teu wani sagawayah mantangul kana naon nu geus jadi papagon.

Ngaguar masalah pamali lain hartina urang kudu balik deui ka jaman pamali. Tapi teuleuman ajen nu aya dina budaya pamali. Jalma baheula gugon kana naon nu geus dipamalikeun, cirining maranehna teh tumut jeung ajrih ka para karuhunna. Tah tumut jeung ajrih eta nu mangrupa ajen budaya pamali.

Kiwari rasa tumut jeung ajrih ka karuhun atawa ka kolot geus laas. Kitu deui kana aturan kamasarakatan atawa kanagaraan. Jalma kiwari geus loba pisan nu wani mungpang kana papagon. Boh papagon agama, papagon kamasarakatan, atawa papagon hukum. Geura titenan, undang-undang kurang kumaha loba, pulisi jeung jaksa kurang kumaha rempeg, tapi jalma-jalma beuki loba nu malawading. Padahal baheula mah cukup ku disebut “pamali”, jalma-jalma teh narurut.

Jaman memang geus robah. Jalma baheula leuwih ngaheulakeun nurut najan teu ngarti. Tapi jalma kiwari ngaheulakeun teu nurut sanajan ngarti. Baheula sanajan ngagunakeun basa silib, jelema teh tetep ngarti. Contona, “ Ulah diuk dina bangbarung pamali bisi nongtot jodo…” Saliwatan asa teu ngambung antara diuk dina bangbarung ( lawang panto imah baheula ) jeung nongtot jodo ( hese jodo ). Tapi eta panyarek teh tetep digugu, da rasa tumut jeung ajrih tea. Bandingkeun jeung ayeuna, “ Ulah miceun runtah di dieu” Kitu unina hiji tulisan di sisi jalan, tapi ih bru deui-bru deui nu ngadon miceun runtah sangeunahna di sisi jalan, teu uyahan…

Masalahna memang lain ngarti-teu ngarti, tapi geus lunturna rasa tumut jeung ajrih tea. Kecap pamali kiwari geus teu kadenge. Rajeun aya nu ngucapkeun ukur heuheureuyan, “ Pamali paman diali…” Cenah bari seuri. Kecap pamali geus dianggap kuno, tingaleun jaman, laas, bareng jeung laasna rasa tumut jeung ajrih jalma-jalma kiwari. Keun ku laasna kecap pamali, tapi mun rasa tumut jeung ajrih eta nu laas pikumahaeun barudak urang jaga…?

--------------------

Ditulis ku Mang Nanang

Cicalengka, mangsa hujan miripis

2 komentar:

  1. Sampura sun...hehe...meni asa bray pi2kiran teh caang deui ngilo seratan ngenaan pamali da enya leles kitu pisan pangersa urng Sunda kiwari geus jati ka silih ku junti sae pisan ieu seratan teh nun...di antos seratan salajeng na ah....

    BalasHapus
    Balasan
    1. Hatur nuhun yi, insyaallah seueur keneh seratan sanesna. Nembe bade dipostingkeun

      Hapus