Sabtu, 14 Maret 2015

SANGKURIANG BOGOH KA INDUNG

Ti saprak ditinggalkeun ku anak, Nyi Dayang Sumbi hirup nyorangan. Teuing geus sabaraha lila manehna papisah. Dina hiji waktu gok amprok jeung hiji jajaka kewes pantes. Ujug-ujug ser aya rasa bogoh, ma’lum saumurna karek harita tepung jeung lalaki. Kabeneran si jajaka teh deuih sarua ujug-ujug kataji. Ku kitu teana mah tuda Nyi Dayang Sumbi teh angger geulis jeung ngora wae, kawas nu teu kasaput ku waktu.

Caritana batu turun keusik naek, duanana papada suka. Nya maranehna sapagodos rek kawin. Ilaharna nu keur kasmaran, eta dua insan teh geugeut pisan. Kamamana layeut babarengan bari teu weleh silih tembongkeun ka asih. Dina hiji waktu, si jajaka teh gogoleran dina lahunan Nyi Dayang Sumbi bari disiaran. Breh katempo dina sirahna aya pitak. Nyi Dayang Sumbi make panasaran, nya ditanyakeun ku naon bet pitak. Jawab si jajaka, cenah bareto keur leutik kungsi ditakol ku indungna make sinduk. Malah nya kulantaran eta pisan manehna indit ninggalkeun indungna.

Ngadenge kitu Nyi Dayang Sumbi ngahuleng. Ras kana kajadian bareto basa anakna nyieun kasalahan.

Beuki panasaran, “ Kunaon pangna kakang di takol…?” Cenah.

Jawab si jajaka, “ Harita kakang teh dititah moro mencek, tapi teu beubeunangan. Kulantaran sieun ku indung nu keukeuh hayang ati mencek, nya anjing nu maturan kakang teh dipaehan. Atina dibikeun ka indung bari disebutkeun eta teh ati mencek. Tapi indung kakang teu percaya. Antukna kakang balaka. Tah eta nu ngalantarankeun indung kakang ambek, jeung nakol kana sirah….”

Ngadenge kitu Nyi Dayang Sumbi ngagebeg. Ceples pisan eta jawaban teh jeung nu kungsi karandapan ku manehna bareto. Teg we yakin ieu jajaka teh Sangkuriang, anakna pituin. Ras ka si Tumang anjing nu dipaehan ku Sangkuriang. Pan eta teh sasat bapana Sangkuriang. Harita waktu Nyi Dayang Sumbi keur ninun kungsi kalepasan omong. Tah balukar tina kalepasan omong eta manehna kapaksa daek dikawin ku si Tumang. Nya boga anak Sangkuriang.

Panceg kana kayakinanana, Nyi Dayang Sumbi ngejat sarta lumpat ninggalkeun eta Jajaka. Tangtu wae ku si jajaka diudag sarta beunang katewak.

“ Kunaon nyai bet kitu peta…?” Ceuk Sangkuriang

“ Ngaran anjeun Sangkuriang, lin ?” Nyi Dayang Sumbi malik nanya.

“ Enya…” Jawab eta jajaka.

“ Anaking, kula teh indung hidep, bolaykeun sagala pasini…” Ceuk Nyi Dayang Sumbi daria bari ngarangkul, rangkul asih indung ka anak.

Si jajaka anu memang Sangkuriang anak Nyi Dayang Sumbi teu meueus-meueus percaya, manehna nyangka Nyi Dayang Sumbi akon-akon arek sulaya. Kukituna manehna keukeuh ngangajak kawin. Ari Nyi Dayang Sumbi da puguh yakin eta teh anakna, keukeuh teu daek. Antukna Sangkuriang nekad rek maksa mirusa Nyi Dayang Sumbi.

“ Heug atuh ari keukeuh mah Sangkuriang…” Ceuk Nyi Dayang Sumbi manggih akal.

“ Kula daek dikawin, asal pangnyieunkeun heula situ jeung parahuna keur urang lalayaran. Tapi omat eta situ jeung parahu teh kudu anggeus dina sapeuting. Mun anjeun teu bisa wayahna bolay…”

“ Taya bayana…” Jawab Sangkuriang, “ Asal nyai ulah sulaya jangji…”

Caritana Sangkuriang nyanggupan, ma’lum manehna jelema sakti. Dina hiji peuting manehna ngumpulkeun para guriang – siluman – sina ngabendung walungan jeung nuar kai keur jieuneun parahu. Teu kungsi tengah peuting situ teh geus ngemplang jeung lega pisan. Sangkuriang kari ngangeuskeun parahuna saeutik deui.

Nyi Dayang Sumbi reuwas jeung salempang ningali kitu. Puguh tadina mah ukur tanjakan nu pamohalan bisa. Bari kebek ku kahariwang, manehna muntang ka Para Dewata. Nya dibere jalan. Nyi Dayang Sumbi naek ka sisi situ bari tuluy ngebut-ngebutkeun salendangna ka luhur. Breh aya balebat ti belah Wetan. Hayam jago ngadadak reang kongkorongok. Para guriang ting ariles sieun ku balebat.

Sangkuriang anjeun kabeurangan….! Bolaykeun kabeh pasini…!” Ceuk Nyi Dayang Sumbi, bari geus kitu tuluy lumpat ngajauhan.

Sangkuriang pohara kagetna. Ceuk ijiranana piraku geus balebat deui. Ret ka Nyi Dayang Sumbi nu tadi ngagorowok jeung ayeuna geus lumpat teuing kamana, teg we sangkaanana, ieu ukur reka perdaya. Nyel manehna ambek. Parahu nu ampir jadi teh ditalapung satakerna, nepi ka ragrag nagkub sisieun situ. Geus kitu manehna ngudag-ngudag Nyi Dayang Sumbi….…




Catetan :
Ieu teh dongeng buhun nu populer di tatar Sunda.  Sok aya oge nu nyebut “ Sasakala Gunung Tangkuban Parahu” lantaran ceuk mitos, eta gunung nu siga parahu nangkub teh asal-muasalna tina parahu nu ditalapung ku Sangkuriang… wallahualam.
----------------------------------
Ditulis ku Mang Nanang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar