Jumat, 13 Maret 2015

KEN AROK NGAREBUT KEMBANG TUMAPEL


Dina sejarah Nasional kacatet yen taun 1222 nepi ka 1292 Masehi di wewengkon pulo Jawa belah wetan ( Jawa Timur ) aya karajaan nu nelah Tumapel atawa leuwih sohor disebut Singhasari.  Karajaan Tumapel diadegkeun lain ku turunan raja, tapi ku jalma nu sasat malangmang-mulungmung, ngaranna Ken Arok. Nu satuluyna ngagelarkeun rundayan raja-raja Majapait,  karajaan gede nu ngawasa kapuloan Nusantara, dina abad ka 13-14.

Ceuk dina pararaton – carita buhun samodel dongeng atawa pantun – Ken Arok teh jalma luar biasa nu mibanda kakuatan supra natural. Ken Arok dianggap kameumeut Dewa. Padahal indung bapana ukur cacah kuricakan.

Keur orok Ken Arok kungsi dipiceun ku indungna di kuburan. Kapanggih ku jalma tukang babadog, tuluy dirawatan da cenah katingali aheng ngaluarkeun cahaya nu ngagebur. Ti leuleutik geus tembong sipat gorengna. Bengal, resep gelut jeung geus pinter maen, nepi ka waktu dititah nganteurkeun munding ku bapa kukutna, munding teh kalah dipake tarohan nepi ka elehna.

Satuluyna Ken Arok hirup di lingkungan jalma-jalma pamaenan. Beuki gede kalakuanana beuki teu eucreugl. Di unggal tempat nu didatangan ku manehna pasti jadi teu aman. Aya nu kapalingan tea, nu dirampog, nu digunasita, nu diganggu pamajikan atawa anak awewena, jeung rupa-rupa polah teu unina. Nepi ka manehna kaceluk : tukang bobok, tukang tarok, tukang mukakeun anerok.

Dina hiji mangsa aya Brahmana - ahli agama - neneangan Ken Arok. Sanggeus tepung, ku eta Brahmana Ken Arok dibawa ka Tumapel ngadeuheus ka gegeden Tumapel.  Harita nu jeneng akuwu  - nu kawasa - ngaranna Tunggul Ametung. Tunggul Ametung ngarasa ajrih kadatangan Brahmana, ma’lum Brahmana teh kasta agung. Ku kituna waktu dititipan Ken Arok, Tunggul Ametung narima. Nya Ken Arok dihiap di Tumapel, kumawula ka Tunggul Ametung.

Ari Tunggul Ametung harita teh gaduh garwa anom jeung geulis pisan, kakasihna Ken Dedes. Ken Dedes kawentar kageulisanana, bisa disebutkeun nya inyana kembang Tumapel. Ningali nu mencrang lir bidadari, Ken Arok kahudang deui sifat baragajulna. Ma’lum dina umur keur sedeng-sedengna birahi. Ujug-ujug rey we bogoh jeung kumetap, kawas domba jalu neuleu bikang.

Teu ku hanteu dina hiji mangsa Ken Arok teh bet diparengkeun manggih tetempoan. Harita waktu Ken Dedes lungsur tina Kareta Kancana, singjangna nyingkab nepi ka kolenyayna bitis meh ka lebah imbit katempo ku Ken arok. Teu sirikna ngagebur sampean nu geulis teh bakat ku endah-endahna. Ken Arok ceuleumeut bari neureuyan ciduh. Tidinya napsuna beuki nataku, mikahayang garwa dunungan.

Ku Ken arok dicaritakeun eta kajadian teh ka Brahmana tea. Ari ceuk Brahmana, eta putri teh mawa mawat. Saha wae lalaki nu bisa ngawin inyana bakal jadi raja agung, sok sanajan sakumaha hinana eta lalaki. Ngadenge kitu sok komo Ken Arok asa dihatean. Nya timbul niat gorengna rek mateni Tunggul Ametung. Ken Arok menta bongbolongan ka Bango Samparan nyaeta jalma nu kungsi ngurus manehna. Ku Bango Samparan dituduhkeun ka Empu Gandring, panday nu geus kawentar ahli nyieun keris matih.

Caritana Ken Arok pesen keris ka Empu Gandring. Ku Empu Gandring disanggupan ngan waktuna rada lila. Ari Ken Arok keukeuh hayang buru-buru. Meureun geus teu sabar hayang geura nyandingkeun nu geulis kembang tumapel. Sanggeus rada lila ti harita,  Ken Arok nagih ka Empu Gandring. Keris teh can jadi, puguh pan ceuk Empu Gandring ge rada lila. Ken Arok ambek, keris teh direbut sarta teu antaparah ditubleskeun ka Empu Gandring nepi ka tiwasna. Memeh ngaleupaskeun nyawa Empu Gandring nyupata, “ He Arok, engke maneh jeung tujuh turunan maneh bakal paeh ku keris eta…” cenah.

Keris nu can anggeus teh dibawa ku Ken Arok, sarta tuluy dibikeun ka sobatna Kebo Hijo. Ari Kebo Hijo jelema tukang agul jeung resep pamer. Keris teh ditembong-tembong ka batur. Dina waktu nu geus meunang ngijir, keris teh dipaling deui ku Ken Arok, sarta tuluy dipake nelasan Tunggul Ametung, bari cul we keris teh ditinggalkeun. Puguh nu ditewak teh Kebo Hijo. Ken Arok salamet, bari tangtu wae kacida bungaheunana.

Dijurung ku kawani jeung pangaruh jawarana, Ken Arok ngaku-ngaku maneh jadi akuwu Tumapel ngaganti Tunggul Ametung. Euweuh nu wani mungpang, puguh sarerea ge apal saha Ken Arok. Kitu deui Ken Dedes, inyana kapaksa daek teu daek dikawin ku Ken Arok. Ahirna tinekan kahayang Ken Arok teh. Ken Dedes kapimilik jadi pamajikanana.

Harita Tumapel teh aya dina kakawasaan Karajan Daha ( Kediri ). Ken Arok inget kana caritaan Brahmana tea nu majar lalaki nu bisa ngawin Ken Dedes bakal jadi raja agung. Timbul napsuna hayang tuluy jadi raja. Kabeneran harita teh raja Daha keur bendeng jeung para Brahmana. Sarta loba Brahmana nu lalumpatan ka Tumapel biluk ka Ken Arok. Ken Arok jadi kuat. Teu kapalang manehna ngangkat maneh jadi raja di Tumapel make jujuluk Rajasa Sang Amurwabhumi. Geus kitu tuluy ngeprak pasukan nyerang ka Daha. Kabeneran dina derna perang teh meunang. Daha serah bongkokan. Ahirna karajaan Daha dikawasa ku Tumapel. Ken Arok nyaan laksana jadi raja agung.

Harita basa Ken Arok anyaran datang ka Tumapel, Ken Dedes teh keur kakandungan. Jadi Ken Arok teh boga anak tere, ngaranna Anusapati. Ari anak pituin manehna ti Ken Dedes boga opat, ti Ken Umang - pamajikan kadua - opat. Titis tulis ti Azali, takdir teu bisa dipungkir, kawasna supata Empu Gandring teurak ka Ken Arok. Cenah ceuk dina carita, sanggeus lima taun jadi raja Ken Arok tiwas dipateni ku jelema titahan Anusapati, ditubles ku keris Empu Gandring…  

Satuluyna nu jeneng raja teh Anusapati. Tapi Anusapati ge tiwas ku Tohjaya - anak Ken Arok ti Ken Umang – masih ku keris Empu Gandring keneh.  Tohjaya cenah tiwas deui  ku Ranggawuni, anak Anusapati. Karajaan Tumapel atawa Singhasari tea ahirna runtag dina taun 1292 Masehi, waktu nu jeneng raja Kertanegara. Tapi rundayan Ken Arok teu pegat, sabab salah saurang seke-selerna nyaeta Raden Wijaya ngadegkeun karajaan minangka gaganti Singhasari, dingaranan Majapait….
------------------------------------
Ditulis ku Mang Nanang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar