Rabu, 18 Februari 2015

PRABU SILIWANGI TEH SAHA ?


Nepi ka ayeuna ngaran Prabu Siliwangi masih jadi mitos. Cenah anjeunna teh raja Pajajaran anu pinuh ku komara jeung digjaya. Kusakti-saktina, waktu Pajajaran kadeseh ku tentara Banten, Prabu Siliwangi tilem atawa ngaleungit. Patarosanana : saha Prabu Siliwangi teh, atawa raja Pajajaran nu mana  ? Naha jujuluk hiji Raja atawa kabeh raja Pajajaran ?
Aya nu nyebutkeun Prabu Siliwangi teh Sri Baduga Maharaja, nu dianggap nu ngadegkeun karajaan Pajajaran. Tapi mun dihubungkeun jeung mitos nu majar Prabu Siliwangi tilem tea, teu keuna. Sabab Sri Baduga Maharaja mah nyakrawati dina taun1482 nepi ka 1521 Masehi. Sedengkeun waktu Pajajaran kadeseh ku tentara Banten nepi ka runtagna kajadianana taun 1579 waktu nu jeneng raja  Prabu Raga Mulya, raja Pajajaran ka 6 mun diitung ti Sri Baduga Maharaja.
Mun disusud ka belah ditu – jaman karuhunna Sri Baduga Maharaja – kecap “Siliwangi” teh tina kecap Silih-Wangi. Silih hartina nu gaganti atawa gaganti, Wangi tina Prabu Wangi. Jadi kecap Siliwangi teh hartina nu ngaganti Prabu Wangi, atawa gaganti Prabu Wangi. Saha Prabu Wangi teh? Prabu Wangi teh uyutna Sri Baduga Maharaja, raja karajaan Sunda waktu puseur dayeuhna di Kawali. Kakasihna Maharaja Linggabuana.
Maharaja Linggabuana gugur dina Perang Bubat, taun 1357 Masehi. Ti harita anjeunna nelah Prabu Wangi (=raja nu namina seungit ) sabab anjeunna kamashur nepi ka nagara-nagara lian tina kapahlawanana.  Karajaan Sunda satuluyna dirajaan heula ku Bunisora, da putra mahkota masih keneh alit. Sanggeus putra mahkota dewasa, nya dijenengkeun raja kakasihna Prabu Wastu Kancana, atawa aya oge nu nyebut Prabu Lingga Wastu.  Nilik kitu ,nya Prabu Wastu Kancana ieu nu dianggap gaganti Prabu Wangi teh, da puguh ahli warisna. Prabu Wastu Kancana kaceluk raja agung nu luhung jeung pinandita.
Ari Sri Baduga Maharaja pangna dianggap Prabu Siliwangi, bisa jadi lantaran kaasup turunan Prabu Wangi. Perlu dikanyahokeun, satutasna Prabu Wastu Kancana karajaan Sunda dibagi dua. Belah kulon dirajaan ku Prabu Susuk Tunggal, puseur dayeuhna  Pakuan ( daerah Bogor ). Belah wetan dirajaan ku Prabu Dewa Niskala nu ngawengku wewengkon Parahiangan. Sarua duanana ge putra Wastu Kancana.
Sabada aya pacogregan antara Susuk Tunggal jeung Dewa Niskala, eta dua karajaan teh dihijikeun deui ku  Jayadewata. Ari Jaya dewata teh putra Dewa Niskala anu oge mantu Susuk Tunggal. Nya anjeunna nu jadi raja Sunda satuluyna kalayan jujuluk Sri Baduga Maharaja. Sri Baduga Maharaja dianggap gaganti Prabu Wangi kahiji memang aya turunan, kadua dumeh karajaan Sunda dihijikeun deui sarta puseur dayeuhna balik deui ka Pakuan ( wewengkon Batutulis Bogor ) sakumaha baheula waktu diadegkeun ku Tarusbawa dina taun 670 Masehi ( Raja Tarusbawa jeneng raja Tarumanagara taun 669 Masehi. Sataun ti harita mindahkeun puseur dayeuh ti wewengkon Bekasi ka Bogor, sarta ngaganti ngaran Tarumanagara jadi karajaan Sunda )

Ari ngaran Pajajaran – cenah ceuk salah sahiji panalungtikan – dumeh karaton  teh (  karaton sok disebut oge   pakuan ) aya lima ngajajar. Jaman harita ngaran karaton  sok nelah jadi sesebutan puseur dayeuh, nu satuluya nelah oge jadi sesebutan nagara ( kawas waktu puseur dayeuh keur di Kawali, karajaan Sunda katelah karajaan Kawali ). Jadi ngaran Pajajaran teh asalna ngaran karaton ( Pakuan Pajajaran / karaton Pajajaran ), tuluy jadi ngaran puseur dayeuh, satuluyna jadi ngaran karajaan. Nya nelah karajaan Pajajaran.

Ana kitu nu ngadegkeun Pajajaran teh lain Sri Baduga Maharaja tapi Tarusbawa. Sri Baduga Maharaja mah nu mindahkeun deui puseur dayeuh ti Kawali ka Pakuan. Kumaha ari sebutan Prabu Siliwangi tea ? Bisa jadi Prabu Siliwangi teh jujuluk keur raja-raja turunan Pabu Wangi. Wallahualam…
---------------------------------
Ditulis ku Mang Nanang 
Aos Banjir Getih Di Bubat

BANJIR GETIH DI BUBAT




Lir kembang nu keur meujeuhna mekar, kageulisan Nyi Putri Dyah Pitaloka ( 18 taun )  putri cikal Maharaja Linggabuana raja Sunda di Kawali, kaemper-emper ka Majapait, kaangseu ku Maha Prabu Hayam Wuruk. Harita Sang Prabu teh nuju milari pigarwaeun geusan permaisuri. Ngadangu di Kawali aya nu mencrang lir wajra  ( permata ), anjeunna kataji. Ongkoh sakalian leuwih ngaraketkeun duduluran, da  mun dijujut ka luhur Majapait jeung Sunda teh masih sakaruhun.

Gancangna carita, Sang Prabu nimbal utusan ngalamar Nyi Putri. Batu turun keusik naek, Maharaja Linggabuana nampi kana eta lamaran. Nya tuluy babadamian kumaha tatacarana. Hasil babadamian dua pihakna sapuk, Nyi Putri dijajapkeun ka tapel wates Majapait, engke di ditu dipapag ku Sang Prabu Hayam Wuruk.

 Cunduk kana waktu nu ditangtukeun, Nyi Putri dijajapkeun ku sang rama ka Majapait. Teu nyandak pasukan perang da maksudna ge rek ngiringkeun pipanganteneun. Ceuk sumber carita, jumlahna ge kurang ti saratus urang. Eta teh ti mimiti gegeden karajaan nepi ka para sahaya jeung para emban.

Nepi ka alun-alun Bubat, Sang Prabu nu majar rek mapag teh can aya. Nya rombongan tatahar kemah bari itung-itung reureuh. Keur itu jol utusan Majapait, ngemban parentah ti Patih Gajah Mada. Cenah Nyi putri teh kudu dianteurkeun ka Sang Prabu  Hayam Wuruk salaku seba tanda Sunda taluk ka Majapait. Maharaja Linggabuana kasigeung. Nya patorong-torong. Jol Patih Gajah Mada, inyana ngancam mun pihak Sunda teu ngagugu rek dirurug. Enya kituna teh bari geus sayaga angkatan perang Majapait nu sakitu tohaga jeung samagreng pakarangna.

Maharaja Linggabuana najan tos ngukur moal bisa ngalawanan pasukan Majapait, anjeunna milih kahormatan jeung harga diri. Ajeunna leuwih milih ancur tutumpuran tibatan kudu daek dianggap patalukan. Nya cumeluk ka rengrenganana,
 “ Sanajan getih bakal ngocor kawas walungan di medan Bubat ieu, kahormatan kami jeung kabeh satria Sunda moal rek ngantep kana panghianatan ka nagara jeung rayat kami. Ku sabab kitu arandika ulah gimir.” Saurna.
Kabeh pangiringna sapuk,  buleud mending milih pati  batan kudu dihina saperti kitu.

Antukna perang teu bisa disinglar. Masing-masing tukuh dina pamadeganana. Dina derna perang campuh, Maharaja katut para satria Sunda satekah polah ngalawan. Kabeh milu jurit. Tapi da puguh teu saimbang, Maharaja katut rombonganana tiwas. Kaasup Nyi Putri Dyah Pitaloka jeung para emban nu milih mati bela ku jalan newek salira.

Prabu Hayam Wuruk kacida reuwasna barang uninga kitu kajadianana. Puguh eta teh sanes kahoyongna, asli alpukahna Gajah Mada. Bari hanjelu jeung sedih kingkin mireng pibojoeun nu geulis kembang Kawali, sarta pimertuaeun Maharaja Linggabuana katut rengrenganana nu geus ngababatang bari guyang getih, anjeunna marentahkeun supaya mulasara layon sacara kanagaraan. Anjeunna ku anjeun ngiring icikibung, mulasara layon putri sareng ramana.

Caritana layon teh dipulasara numutkeun tatacara Hindu-Buda dina upacara nu agung. Lebu layon dipasrahkeun ka utusan ti ka Kawali. Sang Prabu Hayam Wuruk nimbal utusan geusan sanduk-sanduk menta pangampura ka pihak karajaan Sunda.   Ti dinya brek Sang Prabu teh teu damang wales ngemutan wae eta kajadian. Ari Patih Gajah Mada kungsi kabur sieuneun ditibanan hukuman ku pihak karajaan. Cenah dihiap deui ka karaton sanggeus Prabu Hayam wuruk garwaan ka Ratu Ayu  Kusumadewi.

Ieu kajadian teh dina taun 1357 Masehi tanggal 13 bagian caang bulan Badra taun 1279 Saka, poe Salasa Wage samemeh tengah poe. Ti harita nami Maharaja Linggabuana kamashur nepi ka karajaan-karajaan liana, geus puguh di sajeroeun karajaan Sunda mah. Maharaja Linggabuana dipireueus salaku raja nu gugur dina ngabela kahormatan karajaan Sunda. Nya ti dinya anjeunna nelah Prabu Wangi, hartina raja nu namina seungit…

-----------------------------
Ditulis ku Mang Nanang
Lajengkeun kana Prabu Siliwangi Teh Saha

SANGKURIANG KABEURANGAN (Dongeng)



Jaman baheula aya raja keur moro di leuweung. Bari reureuh,   raja teh ngadon kahampangan handapan tangkal.  Anjeunna  teu malire mun cai kahampanganana katandean ku batok. Teu lila sanggeus raja miang deui ti dinya,  torojol bagong bikang keur neangan cai hayang nginum. Nenjo cai dina batok ngan suruput wae diinum, nepi ka beakna.

Sanggeus nginum cai tina batok tea, teu lila bagong teh reuneuh. Sarta sanggeus sawatara bulan brol ngajuru. Orokna jelema, budak awewe geulis pisan. Satuluyna eta orok teh dirorok ku bagong nepi ka gedena. Dingaranan Dayang Sumbi.

Dayang Sumbi geus gede mah ditinggalkeun ku bagong. Inyana hirup di leuweung dibaturan ku anjing jalu ngaranna si Tumang. Pagawean Dayang Sumbi sapopoe ninun. Dina hiji mangsa Dayang Sumbi saperti biasa keur ninun, teu ku hanteu kentreungna ( alat tinun ) ragrag. Mangkaning  ka handap pisan ragragna teh.

Bakat ku hoream  nyokot, Dayang Sumbi humandeuar, pokna teh, “ Emh mun aya nu mangnyokotkeun, mun awewe rek diaku dulur, mun lalaki rek diaku salaki….” Cenah. Tapi da euweuh sasaha, iwal ti si Tumang nu keur hees. Si Tumang ngorejat ngadenge kitu teh. Tuluy ku manehna eta kentreung teh dicokot, dibikeun ka Nyi Dayang Sumbi.

Si Tumang nagih jangji hayang diaku salaki. Reuwas  Dayang Sumbi teh, tapi lantaran rumasa geus kalepasan omong, kapaksa inyana daek dikawin ku si Tumang. Kersaning Yang Widi, Dayang Sumbi ngandeg kakandungan. Sarta sanggeus cunduk kana waktuna brol ngalahirkeun budak lalaki, dibere ngaran Sangkuriang.

Dina hiji mangsa sanggeus sangkuriang rada gede,  Dayang Sumbi nitah moro hayang dipangmawakeun ati mencek. Sangkuriang da puguh sapopoe di leuweung, dititah kitu teh teu baha. Nya caritana inyana  miang jeung si Tumang, rek moro mencek.

Tapi di leuweung teh kabeneran teu manggih mencek hiji-hiji acan. Kalah ka cape ngaprak leuweung sakitu legana. Sabot kitu lar bagong nu ngalahirkeun  Dayang Sumbi tea. Ku Sangkuriang kapikir tinimbang teu beubeunangan pisan, mending eta bagong  tewak. Inyana teu nyahoeun mun eta teh nini manehna.  Sangkuriang ngajak si Tumang ngepung.  Tapi nu dititah kalah mugen, malah make nyarek jeung ngahalangan. Atuh lapur bagong teh kaburu kabur.

Sangkuriang ambek ka si Tumang. Teu antaparah si Tumang dihanca ku tumbak nepi ka paragatna.  Geus kitu si Tumang direcah, dicokot atina bikeuneun ka Dayang Sumbi.

Gancangna carita, ati si Tumang dipasak ku Dayang Sumbi sarta tuluy didahar bangun pohara ni’matna. Tuluy tumanya, “Ujang ieu teh ati naon mana ngeunah-ngeunah teuing…?” Cenah. Sangkuriang balaka, yen eta teh ati si Tumang, bari dicaritakeun naon sababna si Tumang dipaehan. Ngadenge jawaban kitu, Dayang Sumbi ambek. Ngan peletrak we sirah Sangkuring ditakol ku sinduk nepi ka getihan. Geus kitu Sangkuriang ditundung bari dicarekan. Sangkuriang indit bari ceurik…..

Lawas ti harita, Sangkuriang jeung Dayang Sumbi pareng patepung deui. Tapi geus papada poho, teu inget itu saha  - ieu saha. Dayang Sumbi barang ningali Sangkuriang nu kiwari geus jadi jajaka kasep jeung gagah,  langsung kasengsrem. Kitu deui Sangkuriang,  ujug-ujug bogoh. Puguh Dayang Sumbi teh angger ngora jeung geulis, teu laas ku waktu.

Gancangna carita, batu turun-keusik naek duanana geus pada masket. Tapi dina hiji waktu basa  Dayang Sumbi keur nyiaran Sangkuriang, katempo dina sirah Sangkuriang aya pitak. Tuluy ditanyakeun kunaon bet pitak. Ku Sangkuriang dijawab yen eta teh urut ditakol ku indungna bareto. Dayang Sumbi kakara inget, teg we  yen eta jajaka teh pasti anakna nu bareto kungsi ditundung. Geus kitu mah Dayang Sumbi ngolesed sarta ngeceskeun yen maranehna teh  indung jeung anak. Ku kituna tali pasini kapaksa bolay.

Sangkuriang teu percaya, inyana keukeuh ngangajak kawin ka Dayang Sumbi.  Dayang Sumbi munajat ka Nu Kawasa, nya manggih jalan. Inyana mere tanjakan, pokna, “Heug kaula daek dikawin, tapi pangnyieunkeun heula situ jeung parahuna nu kudu anggeus dina sapeuting, kade teu meunang kabeurangan…”

Sangkuriang nyanggupan, ma’lum inyana jelema sakti. Nya dina hiji peuting  inyana ngumpulkeun para guriang ( siluman ) sarta marentahkeun supaya mantuan nyieun situ jeung parahuna dina peuting eta keneh. Ku para guriang disanggupan, harita keneh der ngabendung walungan nyieun situ. Tengah peuting geus beres, kari parahuna nu can anggeus.

Mireungeuh kitu Dayang Sumbing reuwas  jeung hariwang. Boa-boa anakna nyaan bisa nohonan pamentana. Nya munajat deui ka Nu Maha Kawasa. Kabeneran dibere pituduh. Harita Sangkuriang keur soson-soson  nganggeuskeun parahuna. Dayang Sumbi naek ka tempat nu rada luhur. Luyu jeung pituduh, inyana ngebut-ngebutkeun kembenna ka luhur. Breh balebat di belah wetan, ciri wanci geus manjing subuh. Hayam jago reang kongkorongok.

“Anjeun kabeurangan .…., wayahna moal bisa kawin jeung kaula….” Ceuk Dayang Sumbi. Geus kitu geuwat lumpat ninggalkeun Sangkuriang. Sangkuriang kaget da  ceuk ijiranana wanci teh peuting keneh. Ret ka para guriang geus areuweuh sieuneun ku balebat. Timbul curiga, moal boa ieu teh reka perdaya. Nyel ambek, parahu teh ditajong satakerna. Geus kitu berebet ngudag Dayang Sumbi. 

Cenah parahu teh ragragna nangkub. Nya nu ayeuna gunung Tangkuban Parahu tea. Ari situna kiwari geus saat, nyaeta nu jadi wewengkon Bandung.  Ceuk dina sejarah geologi memang  dina jaman Pra Sejarah wewengkon bandung teh mangrupa situ……

Wallahualam ngarana ge dongeng.
------------------------------------------
Dicaritakeun deui ku Mang Nanang.