Jumat, 20 Maret 2015

NEULEUMAN KECAP PAMALI


Kawasna barudak ayeuna mah moal nyaho jeung moal ngartieun kana kecap “pamali”, sebab eta kecap teh geus tara kadenge boh di pilemburan sok sumawonna di pakotaan. Kajaba meureun di wewengkon nu masih pageuh kana tali parantina, mun aya.

Baheula kecap pamali teh ngabogaan pangaruh nu kawilang kuat. Teu sambarang jalma wani ngarumpak kana naon nu di geus dipamalikeun. Naon pamali teh ? Ningali loyogna kalimah, pamali teh bisa disebutkeun sarupaning panyarek, nu dianggap bisa ngabalukarkeun mamala mun dirumpak. Contona kieu, “ Ulah calutak ka kolot, pamali…” Ulah calutak hartina ulah kurang ajar. Mun kurang ajar ka kolot bisa meunang bebendon ti Nu Maha Kawasa. Kitu kurang leuwihna.

Ngadenge kecap pamali jalma baheula jarang nu wani bahula. Antukna naon nu dipamalikeun saolah-olah jadi aturan nu dicekel pageuh, jeung sacara turun-tumurun ditepikeun ka sekeselerna. Mireng kitu, kawasna teu salah mun budaya pamali dianggap hiji kaarifan budaya buhun. Ukur ku kecap pamali jalma-jalma tumut kana tali paranti. Jalma-jalma teu wani sagawayah mantangul kana naon nu geus jadi papagon.

Ngaguar masalah pamali lain hartina urang kudu balik deui ka jaman pamali. Tapi teuleuman ajen nu aya dina budaya pamali. Jalma baheula gugon kana naon nu geus dipamalikeun, cirining maranehna teh tumut jeung ajrih ka para karuhunna. Tah tumut jeung ajrih eta nu mangrupa ajen budaya pamali.

Kiwari rasa tumut jeung ajrih ka karuhun atawa ka kolot geus laas. Kitu deui kana aturan kamasarakatan atawa kanagaraan. Jalma kiwari geus loba pisan nu wani mungpang kana papagon. Boh papagon agama, papagon kamasarakatan, atawa papagon hukum. Geura titenan, undang-undang kurang kumaha loba, pulisi jeung jaksa kurang kumaha rempeg, tapi jalma-jalma beuki loba nu malawading. Padahal baheula mah cukup ku disebut “pamali”, jalma-jalma teh narurut.

Jaman memang geus robah. Jalma baheula leuwih ngaheulakeun nurut najan teu ngarti. Tapi jalma kiwari ngaheulakeun teu nurut sanajan ngarti. Baheula sanajan ngagunakeun basa silib, jelema teh tetep ngarti. Contona, “ Ulah diuk dina bangbarung pamali bisi nongtot jodo…” Saliwatan asa teu ngambung antara diuk dina bangbarung ( lawang panto imah baheula ) jeung nongtot jodo ( hese jodo ). Tapi eta panyarek teh tetep digugu, da rasa tumut jeung ajrih tea. Bandingkeun jeung ayeuna, “ Ulah miceun runtah di dieu” Kitu unina hiji tulisan di sisi jalan, tapi ih bru deui-bru deui nu ngadon miceun runtah sangeunahna di sisi jalan, teu uyahan…

Masalahna memang lain ngarti-teu ngarti, tapi geus lunturna rasa tumut jeung ajrih tea. Kecap pamali kiwari geus teu kadenge. Rajeun aya nu ngucapkeun ukur heuheureuyan, “ Pamali paman diali…” Cenah bari seuri. Kecap pamali geus dianggap kuno, tingaleun jaman, laas, bareng jeung laasna rasa tumut jeung ajrih jalma-jalma kiwari. Keun ku laasna kecap pamali, tapi mun rasa tumut jeung ajrih eta nu laas pikumahaeun barudak urang jaga…?

--------------------

Ditulis ku Mang Nanang

Cicalengka, mangsa hujan miripis

NGANJANG



Taun tujuh puluhan kuring kungsi ngumbara di wewengkon Banten, pernahna di desa Jengkol kacamatan Kresek kabupaten Tangerang. Harita Tangerang can rame kawas ayeuna, ongkoh sacara administrasi masih ngahiji jeung  Jawa Barat. Kacamatan Kresek alam harita kaasup salah sahiji wewengkon nu pangjolokna mun diukur ti kota kabupaten. Jalan ka arah dinya ti Balaraja kawilang ruksak. Can loba kandaraan umum; patalimarga Balaraja-Kresek ukur ku oplet nu ngan sababaraha hiji jumlahna.

Ana reup peuting, poek mongkleng buta rata. Can aya listrik, komo televisi mah. Di unggal imah ukur caang ku lampu cempor. Sepi, comrek, ukur sora jangkrik  jeung sabangsana nu kadenge. Di hiji dua imah sok rajeun kadenge sora radio, ngan eta-etana nu minangka sarana hiburan. Kuring kakara harita aya di wewengkon eta.  Meunang opat taun, lumayan boga rupa-rupa pangalaman guareun kiwari.

Diantara pangalaman-pangalaman eta, nu masih natrat dina ingetan nya eta pangalaman nganjang. Waas mun geus inget ka dinya. Istilah nganjang di lelewek eta beda maksudna jeung nganjang di lembur kuring. Di lembur nu disebut nganjang teh nyemah ka tatangga atawa ka saha bae. Ari di dinya nganjang teh ulin ka imah awewe, dina harti ngahelaran atawa maranan.

Ari awewe nu diulinan bisa parawan, bisa oge randa. Memang teu kabeh awewe nu lalagasan bisa dianjangan. Awewe nu sok daek dianjangan disebut rangda. Bisa dianjangan ku saha bae, rek wawuh rek teu wawuh.
Kumaha nganjang teh ?

Bada isa, biasana rangda teh geus midang di tepas imahna. Ngahaja meunang dangdan jeung ngageulis. Ari kolot-kolotna atawa kulawargana caricing di jero, tara ngaganggu. Teu sawatara lila jol nu nganjang, biasana barudak bujang nu keur meujeuhna resep ulin. Nu nganjang teh bisa saurang, duaan atawa lobaan. Ku nyi rangda ditarima sarta dilayanan, boh ukur ngobrol atawa heureuy.

Biasana – komo mun peutingna keur hade - teu mangkuk sawatara lila, torojol deui nu datang. Aya nu leumpang, aya nu kana sapedah. Nu datang ti heula sok ngolesed pamitan, maksudna mere kasempetan ka nu anyar datang, kitu etikana. Dina sapeuting teh nyi randa bisa kadatangan ku sababaraha rombongan.  Ari lalaki nu tadi mulang tea nganjang deui ka rangda sejenna. Sarua maranehna ge dina sapeuting bisa nganjangan sababaraha rangda. Nu dimaksud sapeuting kira-kira nepi ka jam sapuluhan, satunduhna rangda.

Beuki geulis nyi randa - komo mun bari galehgeh  - sok beuki loba nu nganjanganana. Ngaranna jadi kacapangan diantara barudak tukang nganjang. Lalaki nu kapincut biasana sok  remen datangna. Tangtu wae teu sakadar ngobrol, tapi kaluar oge  “rayuan gombalna”. Nyi randa bisa milih saha nu leuwih cop jeung hatena. Mun inyana oge geus ngarasa bogoh, biasana sok beda rindatna. Geus kitu mah kari ikrar “batu turun keusik naek”. Keur leuwih ngaraketkeunana biasana nyi rangda sok dibawa lalajo mun aya pintonan, topeng atawa wayang golek.

Tina nganjang kitu loba oge nu tuluy ngajodo. Lalaki nu geus cop ka hiji rangda bari rangdana oge daekeun, biasana sok buru-buru nanyaan. Sabab mun teu kitu bisa wae nyi rangda kabengbat ku nu sejen.  Cenah salila nyi rangda can dikawin, inyana bisa keneh dianjangan ku nu sejen ,sanajan kasebutna geus aya nu boga. Tapi hal eta gumantung oge kumaha rangdana…

Waas ngabayangkeun jaman keur sok milu nganjang. Ngabelaan poek jeung tiris abring-abringan ka imah rangda. Ukur kacaangan ku lampu cempor, bari katirisan ku angin nu ngahiliwir - da puguh tepas teh sok ngabolongor - nyi rangda diriung bari pada ngagonjak. Nu digonjak ukur uman-imen bari mesem, atuh mun inyana sonagar sok rajeun nyikikik.

 “ Tunduh ah, isuk deui nya…” Ceuk nyi rangda mun inyana geus hayang ngampih.
Teu majar kumaha, geus kitu mah kapaksa mulang……
-----------------------------------------------
Ditulis ku Mang Nanang
Panineungan ka batur ulin di Kampung Jengkol Kresek Tangerang




Sabtu, 14 Maret 2015

SANGKURIANG BOGOH KA INDUNG

Ti saprak ditinggalkeun ku anak, Nyi Dayang Sumbi hirup nyorangan. Teuing geus sabaraha lila manehna papisah. Dina hiji waktu gok amprok jeung hiji jajaka kewes pantes. Ujug-ujug ser aya rasa bogoh, ma’lum saumurna karek harita tepung jeung lalaki. Kabeneran si jajaka teh deuih sarua ujug-ujug kataji. Ku kitu teana mah tuda Nyi Dayang Sumbi teh angger geulis jeung ngora wae, kawas nu teu kasaput ku waktu.

Caritana batu turun keusik naek, duanana papada suka. Nya maranehna sapagodos rek kawin. Ilaharna nu keur kasmaran, eta dua insan teh geugeut pisan. Kamamana layeut babarengan bari teu weleh silih tembongkeun ka asih. Dina hiji waktu, si jajaka teh gogoleran dina lahunan Nyi Dayang Sumbi bari disiaran. Breh katempo dina sirahna aya pitak. Nyi Dayang Sumbi make panasaran, nya ditanyakeun ku naon bet pitak. Jawab si jajaka, cenah bareto keur leutik kungsi ditakol ku indungna make sinduk. Malah nya kulantaran eta pisan manehna indit ninggalkeun indungna.

Ngadenge kitu Nyi Dayang Sumbi ngahuleng. Ras kana kajadian bareto basa anakna nyieun kasalahan.

Beuki panasaran, “ Kunaon pangna kakang di takol…?” Cenah.

Jawab si jajaka, “ Harita kakang teh dititah moro mencek, tapi teu beubeunangan. Kulantaran sieun ku indung nu keukeuh hayang ati mencek, nya anjing nu maturan kakang teh dipaehan. Atina dibikeun ka indung bari disebutkeun eta teh ati mencek. Tapi indung kakang teu percaya. Antukna kakang balaka. Tah eta nu ngalantarankeun indung kakang ambek, jeung nakol kana sirah….”

Ngadenge kitu Nyi Dayang Sumbi ngagebeg. Ceples pisan eta jawaban teh jeung nu kungsi karandapan ku manehna bareto. Teg we yakin ieu jajaka teh Sangkuriang, anakna pituin. Ras ka si Tumang anjing nu dipaehan ku Sangkuriang. Pan eta teh sasat bapana Sangkuriang. Harita waktu Nyi Dayang Sumbi keur ninun kungsi kalepasan omong. Tah balukar tina kalepasan omong eta manehna kapaksa daek dikawin ku si Tumang. Nya boga anak Sangkuriang.

Panceg kana kayakinanana, Nyi Dayang Sumbi ngejat sarta lumpat ninggalkeun eta Jajaka. Tangtu wae ku si jajaka diudag sarta beunang katewak.

“ Kunaon nyai bet kitu peta…?” Ceuk Sangkuriang

“ Ngaran anjeun Sangkuriang, lin ?” Nyi Dayang Sumbi malik nanya.

“ Enya…” Jawab eta jajaka.

“ Anaking, kula teh indung hidep, bolaykeun sagala pasini…” Ceuk Nyi Dayang Sumbi daria bari ngarangkul, rangkul asih indung ka anak.

Si jajaka anu memang Sangkuriang anak Nyi Dayang Sumbi teu meueus-meueus percaya, manehna nyangka Nyi Dayang Sumbi akon-akon arek sulaya. Kukituna manehna keukeuh ngangajak kawin. Ari Nyi Dayang Sumbi da puguh yakin eta teh anakna, keukeuh teu daek. Antukna Sangkuriang nekad rek maksa mirusa Nyi Dayang Sumbi.

“ Heug atuh ari keukeuh mah Sangkuriang…” Ceuk Nyi Dayang Sumbi manggih akal.

“ Kula daek dikawin, asal pangnyieunkeun heula situ jeung parahuna keur urang lalayaran. Tapi omat eta situ jeung parahu teh kudu anggeus dina sapeuting. Mun anjeun teu bisa wayahna bolay…”

“ Taya bayana…” Jawab Sangkuriang, “ Asal nyai ulah sulaya jangji…”

Caritana Sangkuriang nyanggupan, ma’lum manehna jelema sakti. Dina hiji peuting manehna ngumpulkeun para guriang – siluman – sina ngabendung walungan jeung nuar kai keur jieuneun parahu. Teu kungsi tengah peuting situ teh geus ngemplang jeung lega pisan. Sangkuriang kari ngangeuskeun parahuna saeutik deui.

Nyi Dayang Sumbi reuwas jeung salempang ningali kitu. Puguh tadina mah ukur tanjakan nu pamohalan bisa. Bari kebek ku kahariwang, manehna muntang ka Para Dewata. Nya dibere jalan. Nyi Dayang Sumbi naek ka sisi situ bari tuluy ngebut-ngebutkeun salendangna ka luhur. Breh aya balebat ti belah Wetan. Hayam jago ngadadak reang kongkorongok. Para guriang ting ariles sieun ku balebat.

Sangkuriang anjeun kabeurangan….! Bolaykeun kabeh pasini…!” Ceuk Nyi Dayang Sumbi, bari geus kitu tuluy lumpat ngajauhan.

Sangkuriang pohara kagetna. Ceuk ijiranana piraku geus balebat deui. Ret ka Nyi Dayang Sumbi nu tadi ngagorowok jeung ayeuna geus lumpat teuing kamana, teg we sangkaanana, ieu ukur reka perdaya. Nyel manehna ambek. Parahu nu ampir jadi teh ditalapung satakerna, nepi ka ragrag nagkub sisieun situ. Geus kitu manehna ngudag-ngudag Nyi Dayang Sumbi….…




Catetan :
Ieu teh dongeng buhun nu populer di tatar Sunda.  Sok aya oge nu nyebut “ Sasakala Gunung Tangkuban Parahu” lantaran ceuk mitos, eta gunung nu siga parahu nangkub teh asal-muasalna tina parahu nu ditalapung ku Sangkuriang… wallahualam.
----------------------------------
Ditulis ku Mang Nanang

Jumat, 13 Maret 2015

KEN AROK NGAREBUT KEMBANG TUMAPEL


Dina sejarah Nasional kacatet yen taun 1222 nepi ka 1292 Masehi di wewengkon pulo Jawa belah wetan ( Jawa Timur ) aya karajaan nu nelah Tumapel atawa leuwih sohor disebut Singhasari.  Karajaan Tumapel diadegkeun lain ku turunan raja, tapi ku jalma nu sasat malangmang-mulungmung, ngaranna Ken Arok. Nu satuluyna ngagelarkeun rundayan raja-raja Majapait,  karajaan gede nu ngawasa kapuloan Nusantara, dina abad ka 13-14.

Ceuk dina pararaton – carita buhun samodel dongeng atawa pantun – Ken Arok teh jalma luar biasa nu mibanda kakuatan supra natural. Ken Arok dianggap kameumeut Dewa. Padahal indung bapana ukur cacah kuricakan.

Keur orok Ken Arok kungsi dipiceun ku indungna di kuburan. Kapanggih ku jalma tukang babadog, tuluy dirawatan da cenah katingali aheng ngaluarkeun cahaya nu ngagebur. Ti leuleutik geus tembong sipat gorengna. Bengal, resep gelut jeung geus pinter maen, nepi ka waktu dititah nganteurkeun munding ku bapa kukutna, munding teh kalah dipake tarohan nepi ka elehna.

Satuluyna Ken Arok hirup di lingkungan jalma-jalma pamaenan. Beuki gede kalakuanana beuki teu eucreugl. Di unggal tempat nu didatangan ku manehna pasti jadi teu aman. Aya nu kapalingan tea, nu dirampog, nu digunasita, nu diganggu pamajikan atawa anak awewena, jeung rupa-rupa polah teu unina. Nepi ka manehna kaceluk : tukang bobok, tukang tarok, tukang mukakeun anerok.

Dina hiji mangsa aya Brahmana - ahli agama - neneangan Ken Arok. Sanggeus tepung, ku eta Brahmana Ken Arok dibawa ka Tumapel ngadeuheus ka gegeden Tumapel.  Harita nu jeneng akuwu  - nu kawasa - ngaranna Tunggul Ametung. Tunggul Ametung ngarasa ajrih kadatangan Brahmana, ma’lum Brahmana teh kasta agung. Ku kituna waktu dititipan Ken Arok, Tunggul Ametung narima. Nya Ken Arok dihiap di Tumapel, kumawula ka Tunggul Ametung.

Ari Tunggul Ametung harita teh gaduh garwa anom jeung geulis pisan, kakasihna Ken Dedes. Ken Dedes kawentar kageulisanana, bisa disebutkeun nya inyana kembang Tumapel. Ningali nu mencrang lir bidadari, Ken Arok kahudang deui sifat baragajulna. Ma’lum dina umur keur sedeng-sedengna birahi. Ujug-ujug rey we bogoh jeung kumetap, kawas domba jalu neuleu bikang.

Teu ku hanteu dina hiji mangsa Ken Arok teh bet diparengkeun manggih tetempoan. Harita waktu Ken Dedes lungsur tina Kareta Kancana, singjangna nyingkab nepi ka kolenyayna bitis meh ka lebah imbit katempo ku Ken arok. Teu sirikna ngagebur sampean nu geulis teh bakat ku endah-endahna. Ken Arok ceuleumeut bari neureuyan ciduh. Tidinya napsuna beuki nataku, mikahayang garwa dunungan.

Ku Ken arok dicaritakeun eta kajadian teh ka Brahmana tea. Ari ceuk Brahmana, eta putri teh mawa mawat. Saha wae lalaki nu bisa ngawin inyana bakal jadi raja agung, sok sanajan sakumaha hinana eta lalaki. Ngadenge kitu sok komo Ken Arok asa dihatean. Nya timbul niat gorengna rek mateni Tunggul Ametung. Ken Arok menta bongbolongan ka Bango Samparan nyaeta jalma nu kungsi ngurus manehna. Ku Bango Samparan dituduhkeun ka Empu Gandring, panday nu geus kawentar ahli nyieun keris matih.

Caritana Ken Arok pesen keris ka Empu Gandring. Ku Empu Gandring disanggupan ngan waktuna rada lila. Ari Ken Arok keukeuh hayang buru-buru. Meureun geus teu sabar hayang geura nyandingkeun nu geulis kembang tumapel. Sanggeus rada lila ti harita,  Ken Arok nagih ka Empu Gandring. Keris teh can jadi, puguh pan ceuk Empu Gandring ge rada lila. Ken Arok ambek, keris teh direbut sarta teu antaparah ditubleskeun ka Empu Gandring nepi ka tiwasna. Memeh ngaleupaskeun nyawa Empu Gandring nyupata, “ He Arok, engke maneh jeung tujuh turunan maneh bakal paeh ku keris eta…” cenah.

Keris nu can anggeus teh dibawa ku Ken Arok, sarta tuluy dibikeun ka sobatna Kebo Hijo. Ari Kebo Hijo jelema tukang agul jeung resep pamer. Keris teh ditembong-tembong ka batur. Dina waktu nu geus meunang ngijir, keris teh dipaling deui ku Ken Arok, sarta tuluy dipake nelasan Tunggul Ametung, bari cul we keris teh ditinggalkeun. Puguh nu ditewak teh Kebo Hijo. Ken Arok salamet, bari tangtu wae kacida bungaheunana.

Dijurung ku kawani jeung pangaruh jawarana, Ken Arok ngaku-ngaku maneh jadi akuwu Tumapel ngaganti Tunggul Ametung. Euweuh nu wani mungpang, puguh sarerea ge apal saha Ken Arok. Kitu deui Ken Dedes, inyana kapaksa daek teu daek dikawin ku Ken Arok. Ahirna tinekan kahayang Ken Arok teh. Ken Dedes kapimilik jadi pamajikanana.

Harita Tumapel teh aya dina kakawasaan Karajan Daha ( Kediri ). Ken Arok inget kana caritaan Brahmana tea nu majar lalaki nu bisa ngawin Ken Dedes bakal jadi raja agung. Timbul napsuna hayang tuluy jadi raja. Kabeneran harita teh raja Daha keur bendeng jeung para Brahmana. Sarta loba Brahmana nu lalumpatan ka Tumapel biluk ka Ken Arok. Ken Arok jadi kuat. Teu kapalang manehna ngangkat maneh jadi raja di Tumapel make jujuluk Rajasa Sang Amurwabhumi. Geus kitu tuluy ngeprak pasukan nyerang ka Daha. Kabeneran dina derna perang teh meunang. Daha serah bongkokan. Ahirna karajaan Daha dikawasa ku Tumapel. Ken Arok nyaan laksana jadi raja agung.

Harita basa Ken Arok anyaran datang ka Tumapel, Ken Dedes teh keur kakandungan. Jadi Ken Arok teh boga anak tere, ngaranna Anusapati. Ari anak pituin manehna ti Ken Dedes boga opat, ti Ken Umang - pamajikan kadua - opat. Titis tulis ti Azali, takdir teu bisa dipungkir, kawasna supata Empu Gandring teurak ka Ken Arok. Cenah ceuk dina carita, sanggeus lima taun jadi raja Ken Arok tiwas dipateni ku jelema titahan Anusapati, ditubles ku keris Empu Gandring…  

Satuluyna nu jeneng raja teh Anusapati. Tapi Anusapati ge tiwas ku Tohjaya - anak Ken Arok ti Ken Umang – masih ku keris Empu Gandring keneh.  Tohjaya cenah tiwas deui  ku Ranggawuni, anak Anusapati. Karajaan Tumapel atawa Singhasari tea ahirna runtag dina taun 1292 Masehi, waktu nu jeneng raja Kertanegara. Tapi rundayan Ken Arok teu pegat, sabab salah saurang seke-selerna nyaeta Raden Wijaya ngadegkeun karajaan minangka gaganti Singhasari, dingaranan Majapait….
------------------------------------
Ditulis ku Mang Nanang