Sabtu, 11 April 2015

NGEMBANGAN


Bareto basa kuring keur ngajar di Tangerang taun tujuhpuluhan - pasna di desa Jengkol kacamatan Kresek – kungsi manggihan kabiasaan wewengkon nu karek harita kuring nyahona. Kabupaten Tangerang harita masih keneh lega. Kacamatan Kresek kaasup salah sahiji kacamatan anu jolok. Listrik karek aya di sawatara tempat. Wewengkon anu di cicingan ku kuring mah lapur. Kaasup jalan ukur jalan jajahan biasa.

Sakadar keur ngagambarkeun kumaha urang dinya harita - Lain sing heureuy - bener aya kandang munding anu ditempatkeun di hareupeun imah ( sasuhunan jeung imah ). Malah di Desa Gunung Kaler mah aya munding nu saimah jeung nu bogana. Duka tah naha imah dipake ngampihan munding, atawa kandang munding dipake imah…

Balik deui kana kabiasaan nu kuring karek nyaho tea. Di lelewek eta harita aya kabiasaan nu disebut “ngembangan”. Memang teu kabeh urang dinya make, tapi aya keneh nu sok ngalakukeun. Naon ngembangan teh ? Ngajodokeun budak, dina harti nyangreudkeun pasini antara kolot budak lalaki jeung kolot budak awewe.

Ari budak nu dikembangan kira-kira umur 8 -10 taun atawa saumur murid SD. Tangtu wae ieu teh kahayang kolot pada kolot. Tujuanana rupa-rupa, diantarana mageuhan mimitran antara kolot budak awewe jeung kolot budak lalaki. Atawa supaya harta banda kolot jaga ngahiji. Biasana nu beunghar jeung beunghar.

Dina prungna ngembangan, mokaha kawas ngawinkeun budak gede. Biasa hajat jeung ondang-ondang. Malah mun ninggang ka jelema aya mah make jeung tatanggapan sagala. Biasana sok nanggap topeng, samodel Lenong Batawi kitu. Ari pangantenna biasa direnceng-renceng. Didangdanan ilaharna panganten, jeung dipajang ngarah katempo ku tamu. Kulantaran Tangerang teh deukeut ka Jakarta, Pangaruh Batawi karasa pisan dina prak-prakanana kariaan.

Geus beres dikembangan panganten teh papisah deui ; budak awewe di kolot awewe, budak lalaki di kolot lalaki. Dina emproanana eta budak teh sok pahare-hare. Da puguh dikembangan teh sasat kahayang kolot-kolotna, maranehna mah teu ngarti nanaon. Cenah jaga mun geus arakil baleg, aya dua kamungkinana : jadi ngajodo, atawa teu jadi ngajodo. Mun jadi ngajodo biasa kawin nyaan dirapalan. Mun henteu, nya bolay kumaha karep masing-masing.

Resep teh ari ngagonjak budak awewe nu geus dikembangan. Manehna sok uman-imen atawa jejebris mun dieuleuh-euleuh teh. Malah sok gudad-gadeud sakalieun amprok jeung “salakina”ge. Harita kuring boga batur ulin nu geus dikembangan keur leutikna, ngaranna Nurjen. Ceuk inyana, ari teu bogoh mah kumaha, nya neangan deui we nu sejen…

“ Keun bae dipulung ku didieu…?” Ceuk kuring ngaheureuyan.

“ Pek bae ari hayang mah…” jawabna daria.

“ Can dikukumaha…..?” Ceuk kuring deui bari seuri

“ Boro-boro….”

“ Atuh si Jamini teh randa bengsrat nya….”

Si Nurjen ukur nyerengeh….
-------------------------------------------------------
Ditulis ku Mang Nanang.

PUPUH SUNDA


Urang Sunda kiwari kawasna geus loba nu teu wanoh ka nu disebut “pupuh”. Dalah keur jaman kuring sakola di SD ge - taun genep puluhan - geus langka diajarkeun ku guru teh. Duka memang teu aya dina kurikulumna, duka pedah guruna oge teu bisaeun.

Padahal pupuh teh hiji karya seni anu mibanda ajen luhur, komo mun ditilik tina seni dangdingna mah. Bisa jadi lantaran ari seni mah patalina jeung rasa, aya nu resep aya nu teu resep, aya nu bisa aya nu teu bisa. Mun kalolobaanana teu resep jeung teu bisa, nya lila-lila pada mopohokeun, kawas pupuh.

Ku motekarna sastrawan baheula, aya buku fiksi anu ditulis dina wangunan pupuh, disebutna wawacan. Eusina nyaritakeun dongeng atawa carita buhun. Tangtu wae nu bisa kana pupuh mah macana teh bari dihariringkeun. Nu kawentar harita antarana : Wawacan Mantri Jero, Wawacan Purnama Alam, Wawacan Pedang Allah, Wawacan Mundinglaya jeung sajabana. Hanjakal harita teh kuring keur budak, teu kapikir hayang nyieun koleksi.

Pupuh teh karya sastra puisi nu bisa ditembangkeun. Jumlahna aya 17. Masing-masing boga ciri dina jumlah padalisanna, jumlah engang tiap padalisan, sora tungtung tiap padalisan , jeung watekna anu dumasar kana wirahma. Tina jumlah anu 17, dibagi dua katagori, nyaeta sekar ageung, jeung sekar alit. Disebut sekar ageung lantaran bisa ditembangkeun leuwih ti sawanda. Sedengkeun sekar alit ukur sawanda. Nu kaasup sekar ageung nyaeta : kinanti, sinom, asmarandana, dangdanggula ( sok disingget ksad ). Sedengkeun nu kaasup sekar alit : balakbak, durma, gambuh, gurisa, juru demung, ladrang, lambang, magatru, maskumambang, mijil, pangkur, pucung, wirangrong.


Ngarah rada jentre kieu pereleanana.
Conto : pupuh kinanti
aturanana : jumlah padalisan 6, tiap padalisan 8 engang, sora tungtung : u-i-a-i-a-i
Conto guguritanana :

bu-dak leu-tik bi-sa nga-pung       8 engang   sora tungtung u        
ba-ba-ku nga-pung-na peu-ting     8 engang   sora tungtung i
nga-la-yang ka-ka-la-yang-an       8 engang   sora tungtung a
ma-ling-an nu a-mis a-mis              8 engang   sora tungtung i
sa-ru-pa-ning bu-bu-ah-an            8 engang   sora tungtung a
na-on ba-e nu ka-pang-gih            8 engang   sora tungtung  i

Conto-conto pupuh :
Sekar ageung :
1.Kinanti
Jumlah padalisan : 6
Jumlah engang tiap padalisan : 8-8-8-8-8-8
Sora panungtung : u-i-a-i-a-i
Watekna : prihatin, miharep.
Conto pupuh Kinanti :

Kembang ros ku matak lucu
Nya alus rupa nya seungit
Henteu aya papadana
Wantuning kembang sajati
Papas di patamanan
Seungit manis ngadalingding

               
2.Sinom
Jumlah padalisan : 9
Jumlah engang tiap padalisan : 8-8-8-8-7-8-7-8-12
Sora panungtung : a-i-a-i-i-u-a-i-a
Watekna : bungah, marahmay
Conto pupuh Sinom :

Warna-warni lauk empang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ninggali
Warnaning lauk cai
Lalawak pating suruwuk
Sepat pating karocepat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing, sisi balungbang

3.Asmarandana
Jumlah padalisan : 7
Jumlah engang tiap padalisan : 8-8-8-8-7-8-8
Sora panungtung : i-a-e/o-a-a-u-a
Watekna : asih, deudeuh.
Conto pupuh Asmarandana :

Eling eling mangka eling
rumingkang di bumi alam
darma wawayangan bae
raga taya pangawasa
lamun kasasar lampah
nafsu nu matak kaduhung
badan anu katempuhan

4.Dangdanggula
Jumlah padalisan : 10
Jumlah engang tiap padalisan : 10-10-8-7-9-7-6-8-12-7
Sora panungtung : i-a-e/o-u-i-a-u-a-i-a
Watekna : jembar, nineung,was.
Conto pupuh Dangdanggula :

Mega beureum surupna geus burit
Ngalanglayung panas pipikiran
Cikur jangkung jahe koneng
Naha teu palay tepung
Sim abdi mah ngabeunying leutik
Ari ras cimataan
Gedong tengah laut
Ulah kapalang nya bela
Paripaos gunting pameulahan gambir
Kacipta salamina

Sekar alit :
1.Balakbak
Jumlah padalisan : 3
Jumlah engang tiap padalisan : 15-15-15
Sora panungtung : e-e-e
Watekna : lucu, rehe
Conto pupuh Balakbak

Aya warung sisi jalan rame pisan Citameng
Awewena luas-luis geulis pisan ngagoreng
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet nyanggereng

2.Durma
Jumlah padalisan : 7
Jumlah engang tiap padalisan : 12-7-6-7-8-5-7
Sora panungtung : a-i-a-a-i-a-i
Watekna : harengheng, amarah, sumanget.
Conto pupuh Durma:
Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus dipasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Heunteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di medan jurit

3.Gambuh
Jumlah padalisan : 5
Jumlah engang tiap padalisan : 7-10-12-8-8
Sora panungtung : u-u-i-u-o
Watekna : samar polah, tambuh laku, bingung.
Conto pupuh Gambuh :
Ngahuleng banget bingung
henteu terang ka mana ngajugjug
turug turug harita teh enggeus burit
panon poe geus rek surup
keueung sieun aya meong


4.Gurisa
Jumlah padalisan : 8
Jumlah engang tiap padalisan : 8-8-8-8-8-8-8-8
Sora panungtung : a-a-a-a-a-a-a-a
Watekna : heureuy tamba kesel
Conto pupuh Gurisa :

Hayang teuing geura beurang
geus beurang rek ka Sumedang
nagih anu boga hutang
mun meunang rek meuli soang
tapi najan henteu meunang
teu rek buru buru mulang
rek tuluy guguru nembang
jeung diajar nabeuh gambang

5.Juru demung
Jumlah padalisan : 5
Jumlah engang tiap padalisan :8-8-6-8-8-8
Sora panungtung : a-u-i-a-u
Watekna:  bingung, susah pilakueun
Conto pupuh Juru demung :

Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti panggih
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung

Lolobana mungguh jalma,
embung hina hayang agung,
hayang hirup mukti,
tapina embung tarekah,
tinangtu mo bakal nanjung.

6.Ladrang  
Jumlah padalisan : 4
Jumlah engang tiap padalisan : 10-4-8-12
Sora panungtung : i-a-i-a
Watekna : heureuy, nyindir.
Conto pupuh Ladrang :
Aya hiji rupa sato leutik
Engkang-engkang, engkang-engkang
Sok luluncatan di cai
Ari bangun arek sarupa jeung lancah
Aya hiji anak bangkong leutik,
mokahaan,
maksudna ngelehkeun sapi,
nahan napas antukna bitu beuteungna. 

7.Lambang
Jumlah padalisan : 4
Jumlah engang tiap padalisan : 8-8-8-8
Sora panungtung : a-a-a-a
Watekna : heureuy  pikaseurieun
Conto pupuh : Lambang
Nawu kubang sisi tegal
nyair bogo meunang kadal
atuh teu payu dijual
rek didahar da teu halal

8.Magatru
Jumlah padalisan : 5
Jumlah engang tiap padalisan : 12-8-8-8-8
Sora panungtung : u-i-u-i-o
Watekna : handeueul, mamatahan
Conto pupuh Magatru :
Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung
Kopo reujeung Cisondari,
Cicalengka, Ujung Berung
Rajamandala, Cimahi
Leles, Limbangan, Tarogong

9.Maskumambang
Jumlah padalisan : 4
Jumlah engang tiap padalisan : 12-6-8-8
Sora panungtung : i-a-i-a
Watekna : sedih, nalangsa
Conto pupuh Maskumambang :

He barudak kudu mikir ti leuleutik
Maneh kahutangan
Ku kolot ti barang lahir
Nepi ka ayeuna pisan

Da kolot teh kahesean beurang peuting
Sumawon rugina
Ngan kolot heman gumati
Ngamemenan salawasna

 Maraneh the kudu bae boga pikir
Rek mulang tarima
Ka kolot rek males asih
Dimana geus cumarita

10.Mijil
Jumlah padalisan : 6
Jumlah engang tiap padalisan : 10-6-10-10-6-6
Sora panungtung : i-o-e-i-i-u
Watekna : miharep
Conto pupuh Mijil :

Mesat ngapung putra Sang Arimbi
Jeung mega geus awor
Beuki lila beuki luhur bae
Larak lirik ningali ka bumi
Milari kang rai
Pangeran Bimanyu

11.Pangkur
Jumlah padalisan : 7
Jumlah engang tiap padalisan : 8-11-8-7-12-8-8
Sora panungtung : a-i-u-a-u-a-i
Watekna : sayaga
Conto pupuh Pangkur :
Seja nyaba ngalalana
ngitung lembur ngajajah milang kori
henteu puguh nu dijugjug
balik paman sadaya
nu ti mana tiluan semu rarusuh
Lurah Begal ngawalonan
“Aing ngaran Jayapati”

12.Pucung
Jumlah padalisan : 4
Jumlah engang tiap padalisan : 12-6-8-12
Sora panungtung : u-a-e-o-a
Watekna : piwuruk
Conto pupuh Pucung :

Estu untung nu bisa mupunjung indung
jeung nyenangkeun bapa
tanda yen bagjana gede
hirup mulus kaseundeuhan ku berekah

Lutung buntung luncat kana tunggul gintung
Monyet loreng leupas
luncat kana pager dengdek
Bajing kuning jorelang belang buntutna


13.Wirangrong
Jumlah padalisan : 6
Jumlah engang tiap padalisan : 8-8-8-8-8-8
Sora panungtung : i-o-u-i-a-a
Watekna : era, wirang, kaduhung.
Conto pupuh Wirangrong :
Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara


Ditulis ku Mang Nanang
Catetan : hapunten bilih aya lepat sareng neda koreksina.

KAKAWIHAN BUDAK BAHEULA


Lucu, barudak kelas tilu SD nyaranyi dina panggung bari tinggaritek jaroged. Naon nu dikawihkeunana ? Lagu dangdut…! Nu lalajo kaasup kolot-kolot kaleprok, kataji. Enya kuring ge kataji ku walanterna. Tapi hate bet jadi rempan…Emh, deudeuh teuing budak Sunda leuwih wanoh kana lalaguan nu jalebrog. Ku kolotna teu diwanohkeun kana lalaguan anu pas jeung alam pikir barudak.

Baheula kakawihan barudak teh luyu jeung jiwa barudak. Bijil tina pangaruh alam nu masih asri. Blung-blongna lembur, cur-corna cai, rajegna tatangkalan jadi ilham kana tumuwuhna kawih. Nepi ka saolah-olah jadi bagian tina “kawihna” alam. Kiwari eta kakawihan teh kawas geus sirna. Nu kari, ukur galindengna dina panineungan.

Ditilik tina guguritanana, kawih barudak baheula teh kawas nu diluyukeun jeung kaayaan mangsa maranehna ngawih. Upamana dina mangsa keur ulin, keur heureuy, keur milampah hiji kaulinan, atawa memang keur karakawihan.

Conto nu kuring inget keneh, atawa inget-inget poho :


1.Waktu keur ulin dina dahan :
Eundeuk eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki

Eundeuk-eundeukan cangkuang
Bale bandung paseban
Meunang peucang pa ujang
Leupas deui ku akang
( judul kawih : Eundeuk-Eundeukan )

2.Waktu keur diuk bari suku dirumbaykeun :
Ucang-ucang angge
Mulung muncang diparanje
Digogog ku anjing gede
Anjing gede nu pa lebe
Ari gog, gog cungungung
Ari gog, gog cungungung
( judul kawih : Ucang Angge )

3.Waktu keur cungkelik cungkedang :
Cungkelik cungkedang , budak leutik hayang gedang *)
( judul kawih : Cungkelik Cungkedang )

4.Waktu keur ulin ningali bulan :
Bulantok-bulantok, aya bula sagede batok
Bulanting-bulanting, aya bulan sagede piring

Bulantok-bulantok, bulan gede bulan montok
Bulantok-bulantok, moncorong sagede batok
( judul kawih : Bulantok )

5.Waktu keur ulin di buruan atawa di tegalan :
Oray-orayan, luar léor mapay sawah,
Entong ka sawah, paréna keur sedeng beukah,
Oray-orayan, luar léor mapay kebon,
Entong ka kebon, loba barudak keur ngangon,
Mending gé teuleum, di leuwi loba nu mandi,
Saha nu mandi
Anu mandina pandeuri.
( judul kawih : Oray-Orayan )

6.Waktu keur ulin di reuma, di tegalan atawa di leuweung :
(1)
Jaleuleu….. ja, tulak tuja eman….. gog
Seureuh leuweung….. bay, jambe kolot….. bug
Ucing katinggang songsong , ngek !
( judul kawih : Jaleuleu )

(2)
Ole ole ogong  - melak cabe diTarogong
Dihakan ku anak bagong - Diudag ka leuweung ganggong
( judul kawih : Ole-Ole Ogong )

7.Waktu keur ulin di saung :
Ojok-ojok uang-aung, ngarojok anu di saung,
Nu di saung bau sigung,dirojok lumpat ka lisung,
Hup dengdo, hup dengdo….
( judul kawih : Ole-Olean )

8.Waktu keur ulin ngadagoan raat hujan :
(1)
Trang-trang kolentrang, si londok paeh nundutan
Tikusruk kana durukan, mesat gobang kabuyutan
Nyeh prot…nyeh prot…
( judul kawih : Trang Trang Kolentrang )

(2)
Hujan poyan nyiwit ceuli saeutik…. *)
( judul kawih : Hujan Poyan )
*) hantem dibalikan deui sakahayang.

9.Waktu keur heureuy ngambeu nu hitut :
Tat tit tut daun sampeu, saha nu hitut saha nu ngambeu
Ditembak ku raja mentut, balik-balik ngaburusut

Tat tit tut daun kaliki, saha nu hitut budak lalaki
Ditembak ku raja mentut, balik-balik ngaburusut

Tat tit tut daun kanyere, saha nu hitut budak awewe
Ditembak ku raja mentut, balik-balik ngaburusut
( judul kawih : Tat-Tit-Tut )

10.Waktu keur heureuy sili ciwit :
Paciwit ciwit lutung
Si lutung pindah ka luhur…
( judul kawih : Paciwit-ciwit Lutung )


11. Keur milampah kaulinan campur budak lalaki jeung budak awewe :
 (1)
Oray orayan, oray naon
Oray bungka, bungka naon
Bungka laut, laut naon
Laut dipa, dipa naon
Dipandeuri..
( judul kawih : Oray-Orayan )

(2)
Tokecang tokecang
Bala gendit tosblong
Angeun kacang angeun kacang
Sapendil  kosong

( diselang ku sisindiran model kieu : )

Aya listrik di masigit, caangna ka pabrik kina
Aya istri jangkung leutik, karangan dina pipina

( balik deui kana Tokecang, tuluy sisindiran deui : )

Hayang teuing angeun waluh, angeun waluh dioncoman
Hayang teuing geura wawuh, geus wawuh rek dioconan
( judul kawih : Tokecang )


(3)
Cingciripit tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu pare
Bulu pare seusekeutna
Jol pa dalang mawa wayang
Jekjeknong
( judul kawih : Cingciripit )

(4) 
Ambil ambilan turuktuk hayam samantu
Saha nu diambil kuring mah teu boga incu boga ge anak minantu
Nyai nyai  *) kadieu purah nutu purah ngejo purah ngasakan baligo
Nyerieun sukuna kacugak ku kaliage
Aya ubarna urat gunting campurage tiguling nyocolan dage
( judul kawih : Ambil-Ambilan )
*)  kecap nyai sok diganti ku ngaran budak nu miluan

(5)
Sepdur sepdur mantra-mantri maan dedur
Derap depan dedur
Kahijina kaduana, katilu boleh ditangkap
( judul kawih : Sepdur )

(6)
Sur ser sur ser suling aing tulang maung
Ditoktrokan ku caladi
Diliangan ku bangbara
Dipasieup ku sireupeun
Torotot hiung torotot hiung
( judul kawih : Surser )
(7)
Sasalimpetan jajahan aing nu panjang, huy..huy *)
( judul kawih : Sasalimpetan )
*) hantem dibalikan deui sakahayang.


12.Keur milampah kaulinan husus budak lalaki atawa awewe :
(1)
Pakait-kait suku
Bitisna patumpang-tumpang
Anyaman masing pageuh
Ulah lesot masing pageuh

Anyaman masing pageuh
Tacan lesot ulah lumpat
Nganyamna ulah rusuh
Mun rusuh sok gampang labuh
( judul kawih : Pakait-Kait Suku )

(2)
Perepet jengkol jajahean
Kadempet jempol  jejeretean

Perepet jengkol jajahean
Kadempet kontol  jejeretean
( judul kawih : Perepet Jengkol )

13.Keur ulin karakawihan :
(1)
Ayang-ayang gung, gung goongna rame
menak Ki Wastanu, nu jadi wadana
Naha maneh kitu, tukang olo-olo
Loba anu giruk, ruket jeung kompeni
Niat jadi pangkat,katon kagorengan
Ngantos kanjeng dalem,lempa lempi lempong
Jalan ka Batawi ngemplong
Ngadu pipi jeung nu ompong
( judul kawih : Ayang-ayang Gung )

(2)
BANG KALIMA GOBANG
Bang kalima gobang , bang
Bangkong ditengah sawah, wah
Wahéy tukang bajigur, gur
Guru sakola désa, sa                      
Saban poé ngajar, jar                    
Jarum paranti ngaput, put           
Putri anu gareulis, lis                      
Lisung kadua halu, lu                     
Luhur kapal udara, ra                     
Ragrag di Jakarta, ta                       
Taun opat sabaraha, ha                
Haji rék ka Mekah, kah                 
Kahar dua rébu, bu                                        
Buah meunang ngala, la                               
Lauk meunang nyobék, bek                       
Béker meunang muter, ter                         
Terus ka Cikampék, pek                               
Pékna gagang kalam, lam                            
Lampu eujeung damar, mar                       
Mari kuéh hoho, ho                                       
Hotél pamandangan, ngan                          
Ngantos kangjeng dalem, lem   
Lempa lempi lempong  ngadu pipi jeung nu ompong…..
( judul kawih : Bang Kalima Gobang )

(3)
Cingcangkeling
Manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong bapa satar buleneng

Cingcangkeling
Manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong bapa satar buleneng

Pat lapat pat lapat,  pat lapat katingalan
Masih tebih keneh pisan
Layarna bodas nyengcelak,kasurung ka ombak-obak
( judul kawih : Cingcangkeling )

(4)
Kleung dalengdek, buah kopi raranggeuyan
Keun anu dewek ,ulah pati diheureuyan
( judul kawih : Kleung Dalengdek )

(5)
Tang kumeli kentang ngek ngek - Sarkawi dagang cengek
Kadupak mobil pengek - Ngajoprak bari bengek
( judul kawih : Tang Kumeli )

(6)
Cis kacang buncis nyengcle - Si anggolati kuda
Nu geulis aha ehe – Dipelet  ku kang duda
( judul kawih : Kacang Buncis )

(7)
Beas beureum reum
Reumbay kacang cang
Cang kadele le
Letah sapi pi
Pindang lubang bang
Bangkong hejo jo
Jolijopak jojoli ong
( judul kawih : Beas Beureum )
(8)
Colenak beuleum peuyeum digulaan
Awas bom batok awas bom batok
Rebu rebu randa montok leumpangna dicentok-centok
Sieun nincak tai kotok
( judul kawih : Colenak )

(9)
Cir gobang gocir - Cabe beureum lada
Cing geura taksir - Baju beureum saha
( judul kawih : Gobang Gocir )
               
(10)
Es keleneng gula batu arendogan
Hees jeung eneng tabuh satu padogdagan  
( judul kawih : Es Keleneng )

Cag loba keneh pisan mun ku urang dipaluruh..!
--------------------------------
Ditulis ku Mang Nanang
Catetan : hampura bisi salah.